Sunday, January 17, 2021

Drama

DRAMA

Kompetensi Dasar

3.7. Menganalisis isi, struktur dan unsur kebahasaan teks drama.
4.7. Menampilkan drama berdasarkan teks/naskah dengan memperhatikan intonasi dan ekspresi.

        Di masarakat (Sunda) nyampak rupa-rupa kasenian anu geus lila mekar, tumuwuh sarta hirup ti generasi ka generasi. Éta kasenian téh rupa-rupa wandana, salah sahijina wanda seni pintonan anu geus dipikawanoh tur dipikaresep ku masarakatna nyaéta, longsér. Dina kamekaran nu saterusna, wanda pintonan dirarobah jadi hiji seni pintonan anu dilarapkeun kana wanda sandiwara rakyat (tunil), nu kiwari mah leuwih dipikawanoh istilah drama. Jejer caritana biasana dicokot tina carita-carita buhun anu geus nyampak di masarakat, upamana baé carita pantun jeung dongéng, saperti “Lutung Kasarung“, “Mundinglaya Di Kusuma“, jeung “Si Kabayan“.
        Naskah drama béda jeung naskah sastra séjénna. Enya, kapan dina drama mah naskahna bisa disebutkeun mangrupa hasil karya sastra. Dina naskah drama urang bakal manggihan unsur-unsur intrinsik anu biasa kapanggih dina hiji karya sastra, kayaning téma, palaku, galur, setting jeung patempatan. Anu ngabédakeun naskah drama jeung naskah karya sastra séjénna nyaéta dina drama mah dialog para palakuna dicutat sacara langsung dina wangun kalimah langsung dina paguneman. Dina ieu pangajaran hidep dipiharep wanoh kana wanda drama, bisa ngaapresiasi jeung molahkeun éta drama.

1) Wangenan Drama
        Drama téh nyaéta carita atawa lalakon anu diwujudkeun dina wangun paripolah jeung paguneman, maksudna pikeun dipintonkeun. Anu kaasup garapan sastra dina drama nyaéta naskahna, naskah drama anu jadi dadasar pintonan drama. Salian ti naskah keur pintonkeuneun téh, aya ogé karangan drama pikeun bacaeun anu disebut closét drama. Ieu closét drama téh meureun teu bina naskah drama nu dibacakeun keur kapentingan drama radio. Antara taun 80-90 kungsi ceuyah drama radio saperti “Saur Sepuh” malah tuluy disinetronkeun.
        Karangan drama téh boga rupa-rupa ciri. Upama ditilik tina kalimah nu digunakeunana, drama gegedéna ngagunakeun kalimah langsung, nyaéta kalimah anu dikedalkeun ku palaku. Dina drama nu palakuna leuwih ti saurang, gelarna paguneman téh mangrupa omongan palaku anu silitémpas.
        Salian ti éta, dina karangan drama aya bagian anu nerangkeun tingkah laku palaku, latar tempat, jeung latar waktu, nyaéta katerangan-katerangan anu perlu dicangkemkeun ku boh ku nu nyekel peran boh ku nu nyekel adegan (sutradara). Upama éta karangan drama rék dipintonkeun. Kaasup katerangan saha nu nyarita dina paguneman.
        Saenyana di urang téh geus lila aya pintonan drama. Drama anu dipintonkeun babakuna mah nu ku para ahli sok disebut téater tradisional. Upamana baé banjet, longsér, ubrug, jeung sajabana. Ka dieunakeun aya nu disebut sandiwara atawa tunil. Mekarna sandiwara saentragan jeung komédi stambul dina basa Malayu atawa ketoprak dina basa Jawa. Sandiwara téh
saéstuna pangaruh ti Barat anu muncul di urang dina awal abad ka-20. 
        Wangun téater tradisional anu ditataan di luhur téh sok disebut ogé téater rakyat anu di antara ciri pagelaranana téh tanpa naskah. Jadi, éstuning ngandelkeun improvisasi pamaénna baé dumasar kana pituduh ti sutradara. Malah dipintonkeunana ogé sakapeung tara dina panggung, tapi cukup di lapangan terbuka bari dicaangan ku obor atawa cempor.
        Dina kamekaranana, kiwari aya anu disebut monolog nyaéta pagelaran drama anu mangrupa omongan hiji jalma. Palakuna ogé ngan saurang. Dina sastra Sunda mah can aya karangan monolog téh. Anu geus dilakonan, naskah monolog téh dicokot tina carita pondok, saperti anu dilakukeun ku Wawan Sofwan (dramawan Bandung) anu ngamonologkeun carita pondok ”Oknum” karangan Hadi AKS. Inyana ogé ngamonologkeun biantara Otto Iskandardinata di Volksraad, dumasar kana tarjamahan Syarif Amin. Salian ti éta aya deui anu disebut dramatisasi karya sastra (biasana carita pondok atawa puisi), nyaéta pintonan drama dumasar kana éta karya sastra.
        Kadieunakeun muncul deui anu disebut gending karesmén, nyaéta sandiwara anu dialogna (pagunemanana) ditembangkeun. Mun sandiwara mah tara maké naskah, gending karesmén mah aya naskahna. Lamun maké naskah téh kaharti, da tembang dina gending karesmén mah apan teu bisa didadak (improvisasi), béda jeung sandiwara nu dialog-dialogna atawa paripolah pamaénna beunang ku didadak. Ieu ogé pangaruh ti luar, nyaéta pangaruh opera anu jolna ti Éropa. Tapi, dina gending karesmén mah lalaguanana téh dicokot tina tembang Sunda.
        Loba pisan naskah-naskah gending karesmén anu kungsi ditulis jeung dipagalerakeun. Malah sawaréh mah pintonanana téh sohor pisan. Upamana baé gending karesmen “Sangkuriang” beunang R.T.A. Sunarya, “Galunggung Ngadeg Tumenggung” beunang Wahyu Wibisana, jeung “Si
Kabayan” beunang Wahyu Wibisana jeung Koko Koswara.
        Di antara drama Sunda modérn anu kungsi dipanggungkeun téh nyaéta “Dakwaan” jeung “Bubat” beunang RAF; “Dua Utusan” jeung “Tonggérét Banén” beunang Wahyu Wibisana; “Masyitoh” beunang Ajip Rosidi; “Cahaya Maratan Waja” jeung “Hutbah Munggaran di pajajaran” beunang Yus Rusyana; “Runtag”, “Carem” jeung Stasion Para Arwah” beunang R. Hidayat Suryalaga”; “Juag Toéd” jeung “Siliwangi Mahara Pajajaran” beunang Yoseph Iskandar; “Jeblog” beunang Nunu Nazarudin Azhar, jeung réa-réa deui.
        Parandéné kitu, drama modérn Sunda mah sakapeung henteu leupas tina akar budayana. Upamana baé loba pintonan drama modérn anu ngahijikeun unsur téater modérn jeung téater tradisional. Upamana pintonan siga longsér, di tengah-tengah panggung maké oncor, pagelaranana saolaholah
di alam terbuka anu diriung-riung ku nu lalajo, aya interaksi langsung antara pamaén jeung nu lalajo, jeung sajabana. Tapi, éta kabéh diatur ku naskah, lain dadakan siga dina téater tradisional. 
        Patali jeung interaksi langsung antara pamaén diatur ku naskah, tamba kawaranan, aya sawatara patokan keur nu aya kereteg nulis naskah drama.
Di antarana:
1. J ejer carita (téma). Naskah drama umumna nyaritakeun kahirupan sapopoé, boh alam kiwari, boh alam bihari. Aya nu motrét kahirupan masarakat leutik, tur sakapeung diselapan ku kritik sosial. Tapi teu kabéh naskah drama kudu napak dina réalita, teu béda ti carpon atawa novél, drama gé bisa maké rupa-rupa aliran: réalismeu, suréalismeu, jsté. Boh dina wangun komédi boh tragédi.
2. Dialog. Naskah drama téh pentaskeuneun, ku kituna dialog penting pisan. Kalimah nu dipaké dialog tangtu kudu merenah dilisankeunana. Karasa spontanitasna jeung teu dijieun-jieun. Dialog dina drama bisa paguneman jeung papada tokoh, atawa paguneman jeung dirina sorangan (soliloqui). Pangarang gé kudu pertéla nerangkeun lentong jeung paripolah tokoh sajeroning dialog.
3. Babak jeung adegan. Naskah drama bisa dibagi jadi sababaraha babak, unggal babak diwengku ku sababaraha adegan. Adegan dina drama némbongkeun robahna kajadian carita, upamana ganti tokoh
atawa ganti séting.
4. N u ngalalakon. Nu ngalalakon dina drama bisa sorangan (monolog), bisa lobaan, gumantung kana jejer carita.
5. Bubuka. Dina bagian awal naskah, pangarang méré pituduh ngeunaan naskah nu rék dipentaskeun. Biasana dimimitian ku sinopsis, terus nataan sakur tokoh nu ngalalakon katut kateranganana; ngaranna, umurna, pasipatanana, paripolahna, hubunganana jeung tokoh séjén, jsté. Pangarang gé méré gambaran lilana éta naskah dipentaskeun.
6. Pituduh keur sutradara jeung nu maca. Waktu jeung tempat kajadian (séting) dina naskah kudu diécéskeun ka nu maca. Ieu téh baris jadi patokan pikeun sutradara deuih, kumaha hadéna méntaskeun éta naskah. Najan teu wajib, aya hadéna deuih mun pangarang méré gambaran ngeunaan ilustrasi musik jeung tata lampu.
7. Téks sisi. Mun aya kalimah atawa kajadian nu sakirana matak bingung sutradara atawa nu maca, hadéna mah diterangkeun dina téks sisi (side text). Téks sisi diteundeun gigireun kénca atawa katuhueun naskah.
8. Nulisna. Cara nulis naskah drama tangtu béda jeung carpon atawa novél. Nu geus ilahar mah di antarana:
    a. Narasi ti pangarang ditulis maké aksara gedé (kapital). Upamana, lebah ngadadarkeun séting,                 pasipatan atawa tokoh, jsté. Conto:
        LAMPU CAANG LALAUNAN. DI PANGGUNG KATÉMBONG HIJI LALAKI KEUR                        DIHARUDUM SARUNG... jst.
    b. Kalimah dina dialog ditulis ku aksara leutik, tapi méméhna disebutkeun saha-sahana nu rék                    cacarita. Conto:
        MANG DADAP : Geus reupreupan geuning. Naha Bi Waru can balik kénéh? jst.
    c. Katerangan dina dialog ditulis di antara tanda kurung, maké aksara déngdék.Conto:
        MANG DADAP : Geus reupreupan geuning (bari nguniang cengkat). Naha Bi Waru can balik                kénéh? jst.
    d. Ka dieunakeun, ngaran tokoh sok dinomeran, dipérélékeun ti awal nepi ka ahir, ngarah nu rék                 méntaskeun leuwih babari ngapalkeun naskah. Conto:
        04. MANG DADAP : Tas ti mana wayah kieu karék kurunyung?
        05. BI WARU : Naha maké tatanya sagala?
        06. MANG DADAP : (Muncereng) Aéh-aéh, na teu meunang aing nanya?
Méméh naskah dipentaskeun atawa dikirimkeun ka média massa, hadéna mah dibaca deui jeung dipecakan heula ku nu ngarangna, bisi aya dialog nu nyalahan, séting nu teu merenah, atawa hal séjénna nu matak ngaganggu mun éta naskah dipentaskeun.

2) Proses Mintonkeun Drama

        Dina pangajaran saméméhna urang geus latihan maca drama. Ayeuna urang latihan mintonkeun drama. Hartina lain sakadar dibaca, tapi dialogdialogna kudu diapalkeun nepi ka apal cangkem, diragakeun paripolah tokohna, sarta dipintonkeun mangrupa pagelaran dina panggung.
        Saméméh mintonkeun drama urang kudu apal heula kumaha nataharkeunana. Dina pintonan drama téh ngalibetkeun rupa-rupa unsur. Upamana, urang perlu naskah drama nu rék dipintonkeun. Sanggeus aya naskah, perlu sutradara anu boga tanggung jawab ngatur pintonanana. Keur mintonkeun éta drama sutradara butuh pamaén (aktor jeung aktris). Lian ti éta sutradara butuh dibantuan ku panata panata kostum (papakéan), panata panggung/artistik, panata musik, atawa panata gerak/tari.
        Saméméh manggung, perlu latihan heula. Latihan tangtuna teu cukup ku sakali. Dina latihan sutradara babarengan ku panata gerak, panata kostum, panata lampu, atawa panata musik, mikiran kumaha carana sangkan éta drama mun dipintonkeun bisa alus jeung resep dilalajoanana. Upamana baé kumaha ngagali poténsi aktor/aktris sangkan dina merankeun hiji tokoh téh ngetrukkeun sakabéh kamampuanana, boh jiwana boh ragana. Nepi ka aktingna engké dina panggung enya-enya ngajanggélékkeun sipat jeung kalakuan tokoh sakumaha anu dipikahayang jeung diperedih dina naskahna.
        Sanggeus asak latihan, kakara dipintonkeun dina panggung. Tah geus di panggung mah hasil sakabéh upaya sutradara téh bakal katémbong dina akting pamaén nu dirojong ku rupa-rupa unsur téa. Mun digambarkeun dina bagan mah alurna kieu:


        Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun waktu urang jadi aktor/aktris, waktu merankeun hiji karakter/tokoh. Di antarana:
• Urang kudu bisa neuleuman pasipatan/karakter tokoh nu diperankeun. Cara neuleumanana téh bisa rupa-rupa, bisa ku cara “penghayatan”, nyaéta nyiptakeun rasa émpati atawa ngararasakeun dirina jadi tokoh nu diperankeun, ngarasa sanasib, atawa ngarasa boga pasipatan nu sarua. Bisa ogé ku cara observasi, nyaéta ngimeutan kanyataan anu saenyana. Upamana lamun rék merankeun musapir, urang ngahaja ngimeutan heula pasipatan musapir, tingkah polahna, kabiasaanana sapopoé, jeung sajabana.
• Ngimeutan pituduh anu kaunggel dina naskah. Upamana dina naskah “Démonstran” aya dialog kieu:
ATO : (NGAHARÉWOS) Anén, komandoan!
ANÉN : (LUAK-LIEUK, NGAHARÉWOS) Ngomandoan naon?
Di dinya aya katerangan yén Ato téh nyaritana kudu ngaharéwos. Nya kitu deui Anén, lian ti kudu ngaharéwos, manéhna kudu bari luak-lieuk.
• Gunakeun éksprési jeung remen latihan silih témpas, nepi ka dialog téh jadi hirup siga nu ngobrol enyaan. Upamana aya dialog kieu:
SEKWILMAT : Tenang-tenang! Ké aya naon ieu téh para sadérék?
ANÉN : Bapa téh camat?
SEKWILMAT : Lain kuring mah. Eueu…..
ATO : Euh, lain camat mah ulah pipilueun atuh! Kuring mah arék ka camat.
SEKWILMAT : Nu matak keur euweuh Pa Camat mah.
ACID : Ah, bohong! Sok, daék naon?
Kacipta pan ku urang kumaha silih témpasna. Kumaha patorongtorongna. Basa Sékwilmat nyebut “Eueu....” kuduna mah ulah ngarandeg, tapi langsung ditémpas ku omongan Ato anu semu napsu, “Euh, lain camat mah ulah pipilueun atuh!”
• Maén drama mah lain ngobrol biasa. Sok sanajan obrolanana siga urang ngobrol sapopoé, tapi obrolan dina drama mah kudu diréka jeung ditanagaan. Upamana diréka maké lentong anu ancad laér, dibarengan ku gegerungan, dibarengan ku napsu, jeung saterusna. Ditanagaan téh lain hartina kudu gogorowokan, tapi kumaha carana sangkan sora nu kaluar tina baham téh bisa jelas, béntés, jeung bedas kadéngéna.

3) Dialog dina Drama

        Dialog téh omongan antara dua jalma atawa leuwih nu silih témpas. Omongan sarupa kitu téh sasat jadi nyawana drama. Naon sabana? Lantaran alur carita drama mah diwangun ku dialog tokoh-tokohna. Lain diwangun ku narasi atawa déskripsi siga dina prosa. Anapon dina naskah drama aya katerangan-katerangan anu nétélakeun latar jeung paripolah palaku, éta mah sakadar pituduh keur sutradara atawa aktor dina waktu mintonkeun drama. Malah sipatna ogé henteu ngiket, bisa dirobah-robah.
        Jadi lain baé aya dialog dina drama téh. Sok kapanggih ogé monolog, nyaéta omongan sorangan anu diucapkeun ku hiji tokoh. Siga gegerendengan sorangan, teu puguh layan. Malah aya drama anu caritana ti awal nepi ka ahir ukur diwangun ku monolog.
        Gédéngeun éta, aya deui nu disebut prolog jeung épilog. Prolog nyaéta omongan bubuka, biasana digunakeun keur muka hiji pintonan drama. Ari épilog nyaéta omongaan panutup.
Prolog sok disaruakeun jeung panganteur carita. Ari épilog sok disaruakeun jeung panutup carita. Amanat nu hayang ditepikeun ka nu maca atawa ka nu lalajo osok ogé kapanggih dina épilog. Pék geura ku hidep lalajoanan conto drama ieu di handap dina internet.
Sumber : BASA SUNDA URANG
KELAS XII

0 komentar:

Post a Comment