NOVEL
Kompetensi Dasar
3.6. Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan novel
4.6. Menyajikan hasil analisis novel melalui berbagai media (seperti bagan, cerita bergambar, animasi) dengan memperhatikan struktur dan kaidah kebahasaan.
Novel kaasup salah sahiji carita rékaan (fiksi), eusi jeung jalan caritana panjang tur loba bagianana. Novel ogé diwangun ku basa lancaran, palaku anu ngalalakonna loba, mangsa anu kacaturna lila. Sanajan kaasup carita fiksi, palaku, jalan carita, tempat, jeung waktu kajadianana bisa katarima ku akal, persis siga kajadian anu sabenerna. Eusi novel aya ogé anu didadasaran ku kajadian anu sabenerna, tapi éta kajadian téh ku pangarangna sok diréka-réka deui.
(1) Wangenan Novel
Novel téh nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang. Kajadian anu dicaritakeunana ogé loba deuih. Malah aya sababaraha kajadian anu sambung sinambung. Latarna, boh latar waktu boh latar tempat, tangtuna ogé leuwih jembar deuih. Palakuna, lian ti palaku utama téh aya palaku panglengkep jeung figuran (palaku panambah). Najan henteu mutlak kitu. Anu jelas, dina novel mah leuwih laluasa nyaritakeun pasipatan jeung paripolah palakuna téh.
Upama hidep maca novel bakal manggihan nu disebut téma, galur, palaku, latar, judul, point of view, jeung gaya basa. Nu kitu téh disebutna unsur atawa struktur intrinsik nu aya dina novel.
Téma nyaéta nu ngatur arah unsur séjénna dina hiji carita. Téma mah loba rupana, tapi téma biasana moal jauh tina kahirupan nyata. Ku kituna sangkan nyaho téma naon nu aya dina carita, urang kudu paham heula kana eusi, tokoh, watek, situasi, jeung galur caritana. Teu kabéh pangarang nembrakkeun téma sacara langsung dina karyana.
Galur kaasup unsur anu penting dina hiji carita. Lantaran dina galur aya runtuyan kajadian, méré arah atawa ngatur kajadian naon waé anu kudu diheulakeun atawa dipandeurikeun, sarta nu némbongkeun sabab-akibat kajadian dina carita. Dina galur atawa alur téh aya nu disebut Konflik, nyaéta interaksi antara dua karakter atawa leuwih, atawa interaksi hiji karakter jeung lingkungan sabudeureunana. Upama éta konflik geus nepi kana puncakna disebutna téh Klimaks.
Palaku nyaéta tokoh nu ngalalakon dina hiji carita. Nilik Jenisna mah aya nu disebut palaku utama jeung palaku tambahan. Dina guluyuran carita sok ditémbongkeun ogé watek atawa pasipatan palaku. Aya palaku nu watekna angger, aya ogé nu robah-robah tina alus jadi goréng atawa sabalikna.
Latar nyaéta lingkungan sabudeureun kajadian nu lumangsung dina hiji carita. Latar téh aya dua rupa nyaéta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat ngagambarkeun di mana kajadian dina carita lumangsung, sedengkeun latar waktu mangrupa waktu iraha kajadian dina carita lumangsung.
Puseur sawangan atawa point of view ngandung harti (ku saha) dicaritakeunana éta karangan atawa titik caturan. Aya dua cara nu biasa digunakeun dina fiksi saperti novel, nyaéta (1) caturan jalma katilu, nyaéta pangarang aya di luareun carita, para palaku disebut ngaranna, atawa ngagunakeun kecap sulur “manéhna”, “maranéhna”; (2) caturan jalma kahiji nyaéta juru catur aya di jero carita, sok jadi palaku carita, ngagunakeun kecap sulur “kuring”.
Gaya basa nyaéta cara ngungkapkeun pikiran ngaliwatan atawa maké basa nu has anu némbongkeun pribadi pangarang. Pangarang mindeng maké gaya basa dina karyana sangkan karasa leuwih éndah.
Asupna novel kana sastra Sunda téh pangaruh sastra barat, utamana Walanda. Novel munggaran dina sastra Sunda nyaéta Baruang ka nu Ngarora karangan Daéng Kanduruan Ardiwinata (D.K. Ardiwinata), terbit taun 1914.
Upama dibandingkeun jeung novel munggaran dina sastra Indonesia, Azab dan Sengsara karangan Merari Siregar, anu terbit 1920, leuwih ti heula genep taun. Jadi kurang mérénah upama novel dina sastra Sunda téh mangrupa pangaruh tina sastra Indonesia.
(2) Papasingan Novel
(a). Novel Barudak
Novel barudak nyaéta novel anu diajangkeun pikeun bacaeun barudak Masalah anu dicaritakeunana, masalah anu raket patalina jeung kahirupan barudak. Kitu deui dina cara nyanghareupan jeung ngaréngsékeun éta masalah, luyu jeung pikiran katut jiwa barudak. Palaku utamana ogé barudak deuih.
Umumna novel barudak dina sastra Sunda, ngan palaku utama jeung masalahna anu “barudak” téh. Tapi dina lebah cara mikir jeung cara ngaréngsékeun masalahna, sacara kajiwaan, henteu cara umumna barudak.
Lebah dinyana mah ibarat jalma déwasa maké awak budak. Novel barudak jeung pangarangna dina sastra Sunda, di antarana:
• Samsudi: Budak Teuneung, Budak Minggat.
• Tatang Sumarsono: Miang jeung Kaludeung, Si Paser.
• Hidayat Soesanto: Guha Karang Legok Sari, Bima Rengkung, jeung seri carita wayang tina Mahabarata, jrrd.
• Dian Hendrayana: Béntang Hariring
(b). Novel Rumaja
Novel rumaja nyaéta novel anu eusina nyaritakeun masalah-masalah rumaja. Kitu deui palaku utamana ogé pararumaja. Di urang novel rumaja téh henteu loba. Sawatara conto novel rumaja nyaéta Cinta Pabaliut karangan Éddy D. Iskandar, Rini karangan Yoséph Iskandar, jeung Lalangsé karangan Aam Amilia.
(c). Novel Déwasa
Novel déwasa tangtu baé diajangkeun pikeun bacaeun anu geus déwasa (sawawa). Eusina nyaritakeun masalah-masalah jalma anu geus déwasa. Kitu deui jeung palaku utama. Dina sawatara novel aya bagian bagian anu kurang merenah upama dibaca ku barudak. Upama baé bagian anu nyaritakeun peuting munggaran Karnadi jeung Eulis Awang dina novel Rusiah nu Goréng Patut beunang Yuhana jeung Sukria; adegan oconna Néng Éha jeung Kosim di jalan sepi dina novel Lain Éta karangan Moh. Ambri.
(3) Dumasar témana jeung masalah anu dicaritakeunana Novel Sunda bisa dipasing-pasing jadi:
(a) Novel Cinta
Novel cinta nyaéta novel anu eusina nyaritakeun cinta silih asih (asmara) palaku utamana. Contona: Lain Éta karangan Moh. Ambri, Cinta Pabaliut karangan Éddy D. Iskandar, Lalangsé karangan Aam Amilia, Mikung karangan Abdullah Mustappa, jeung Manéhna karangan Syarif Amin.
(b) Novel Psikologi
Novel jiwa nyaéta novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu patali jeung jiwa palaku utamana. Contona: Arca beunang Ningrum Julaéha.
(c) Novel Misteri
Novel misteri nyaéta novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu ngandung rusiah, anu biasana kabuka dina ahir éta novel. Upamana baé nyaritakeun néangan palaku rajapati atawa palaku kajahatan séjénna. Contona: Laleur Bodas karangan Samsu (Sambas jeung Susangka), Si Bedog Panjang karangan Ki Umbara, Rajapati di Pananjung, jeung Bedog Si Rajapati karangan Ahmad Bakri, Rusiah Geulang Rantay beunang Margasulaksana, jeung Kalajéngking karangan Anna Mustikaati (sandiasmana Aam Amilia), jrrd.
(d) Novel Sajarah
Novel sajarah nyaéta novel anu eusina ngandung unsur-unsur sajarah. Boh palaku utamana boh kajadianana nyoko kana sajarah. Contona: Pangéran Kornél jeung Mantri Jero karangan R. Méméd Sastrahadiprawira, Perang Bubat, Tanjeur di Juritan Jaya di Buana, jeung Putri Subanglarang beunang Yoséph Iskandar.
(e) Novel Sosial
Novel sosial nyaéta novel anu eusina nyoko kana masalah sosial, saperti kateuadilan, kateureugeujeungan, atawa gejolak sosial dina hiji mangsa. Si palaku bisa jadi mangrupa subyék, korban, atawa saksi éta kaayaan. Contona: Lembur Singkur karangan Abdullah Mustappa.
(4). Nulis Tingkesan Novel
Upama hidep rék nulis tingkesan kudu merhatikeun sababaraha aspék. Saméméh prak, hidep kudu nuliskeun rarancang carita nu geus dibaca. Éta rarancang téh ngawengku judul, tokoh jeung pawatekanana, latar atawa kasang tukang, masalah atawa konflik, jeung runtuyan peristiwa nu aya dina carita nu geus dibaca téa.
Léngkah-léngkah nyusunna nyaéta :
(1) maca novel kalawan gemet/ imeut,
(2) nyangkem eusi novel,
(3) nangtukeun rarancang novel,
(4) nataan sakur peristiwa nu penting,
(5) susun runtuyan peristiwa atawa kajadian dina éta novel ku basa sorangan. Tingkesan nu ditulis ku hidep ulah nepi ka ngarobah eusi carita, tokoh, latar, atawa téma. Sinopsis bisa ditulis singget jeung bisa ditulis nepi ka ahir (ending) kalawan detil.
Sumber : BAHASA SUNDA URANG
KELAS XI
0 komentar:
Post a Comment