WAWACAN
Pedaran
Wawacan téh nyaéta carita anu
ditulis dina wangun pupuh. Nurutkeun para ahli wawacan téh lain karya sastra
asli urang Sunda, tapi gelarna téh lantaran pangaruh tina sastra Jawa. Sumebarna kira-kira dina abad ka-19, basa
harita Tatar Sunda dieréh ku Mataram.
Wawacan kaasup kana karangan panjang anu ngawangun carita. Eusina nepikeun hiji lalakon anu ngandung hiji téma, jalan carita, palaku, jeung kasang tukang (latar) tempat jeung waktu. Pupuh anu dipakéna ogé henteu hiji baé, tapi gunta-ganti tur loba, sarta henteu ukur pupuh sekar ageung, tapi diselang ku pupuh sekar alit.
Unggal ganti episodeu biasana dina wawacan mah sok dibarengan ku gunta-ganti pupuh. Pupuh anu méh salawasna digunakeun dina wawacan nyaéta asmarandana, dangdanggula, kinanti, sinom (Sekar Ageung). Maca wawacan biasana dihariringkeun atawa ditembangkeun saluyu jeung lagu jenis pupuhna. Upama caritana dianggit ku patokan pupuh asmarandana, nya kudu bari ngahariringkeun pupuh asmarandana,kitu saterusna. Upama teu bari ngahariring mah bakal hésé kahartina, lantaran kekecapanana ngudag kana guru lagu jeung guru wilangan.
Asupna Ka tatar sunda ngaliwatan Parabupati Sunda, utamana anu wewengkon Priangan, wajib séba ka Mataram. Ayana di Mataram téh tara sakeudeung-sakeudeung. Balikna mawa sawatara adat cahara di ditu ka Tatar Sunda. Salian ti éta, teu saeutik deuih pangagung urang Mataram anu ditempatkeun di urang. Éta kaayaan téh beuki nguatan adat-cahara anyar paraménak Sunda. Pangaruhna dina widang sastra, urang Sunda mimiti wanoh kana guguritan jeung wawacan. Paraulama ogé teu éléh gedé andilna. Kalolobaan ulama atawa ajéngan anu boga pasantrén di urang, saméméhna kungsi masantrén di Wétan. Teu béda ti parabupati, balikna mawa adat-cahara ti ditu. Nya di antarana mawa wangun guguritan jeung wawacan.
Mekarna wawacan dina sastra Sunda téh ngaliwatan sababaraha tahap. Dina tahap kahiji lalakon-lalakon wawacan tina sastra Jawa téh langsung disalin, henteu disundakeun, mangrupa naskah. Tahap kadua, témbong usaha narjamahkeun (nyalin) kana basa Sunda, sangkan eusina kaharti ku balaréa. Tahap katilu, lain narjamahkeun, tapi nyipta carita-carita nu geus nyampak ti baheula dina wangun wawacan, saperti tina dongéng, hikayat, jeung babad. Tahap kaopat, sabada aya téknologi citak, wawacan anu tadina mangrupa naskah téh réa anu diterbitkeun mangrupa buku; dibarengan ku ciptaan-ciptaan alanyar, sarta wandana ogé anyar.
Struktur Wawacan
Upama
urang maca karya naskah wawacan ti awal nepi ka ahir tangtu bakal manggihan
strukturna kalawan gembleng. Ari struktur wawacan diwangun ku:
(1) manggalasastra nu sok disebut ogé alofon, nyaéta nu eusina neda widi katut muji sukur ti anu nulis wawacan ka Nu Maha Kawasa katut solawat ka Kangjeng Rosul;
(2) eusi, nyaéta guluyurna carita ti mimiti nepi ka tamat;
(3) bagian panutup nu sok disebut ogé kolofon, eusina titimangsa ditulisna éta wawacan.
Seni Maca Wawacan
(a) Beluk
(b) Gaok
(c) Jemblungan
Seni maca wawacan sok disebut ogé beluk atawa ngabeluk (Tembang buhun anu leuwih ngutamakeun tarik jeung halonna sora). Kiwari geus mah langka anu magelarkeun seni beluk téh. Baheula mah Seni Beluk téh sok dipagelarkeun dina acara salametan orok, nyunatan, kawinan, gusaran, jeung salametan sabada panén. Upama di Majalengka mah seni maca wawacan téh sok disebut Seni Gaok. Bisa jadi dipakéna éta dua istilah téh diluyukeun jeung karakteristik éta seni. Kecap gaok tina gagaokan (ngagorowok). Sorana dina seni beluk mah nepi ka ngalaeu (nya panjang nya tarik). Beluk tina kecap elak-eluk – lantaran ngagorowok bari beuheungna elak-eluk.
Jemblungan asal kecapna tina jemblung nyaéta hiji wangun seni tradisional di tatar Sunda, utamana di wewengkon Kabupatén Ciamis nu ngawates ka wewengkon Kabupatén Banyumas di Jawa Tengah. Tatabeuhanana dijieun tina awi nu sorana niron kana sora gamelan, malah ngaran waditrana ogé sarua jeung ngaran waditra gamelan. Anu jadi ciri mandiri seni jemblungan nyaéta ayana unsur dalang, minangka nu ngajejeran runtuyan carita kaasup méré katerangan ngeunaan suasana jeung tempat kajadianana. Cara magelarkeun seni jemblungan teu béda ti nu maca wawacan (beluk), bisa dibiskalan (aya nu ngilona), tapi bisa ogé guneman langsung baé. Ku lantaran carana bari dariuk teu béda ti anu maca wawacan, atuh pikeun némbongkeun watek palaku téh cukup ku gerakna awak jeung ku pasemon waé, henteu kudu bari nangtung atawa leuleumpangan.
Fungsi Wawacan
Nurutkeun Ruhaliah (2013:62), fungsi
wawacan aya dua nya éta fungsi wawacan salaku wangunna (naskahna) jeung fungsi
wawacan salaku eusina (caritana).
Salaku wangun, fungsi wawacan kabagi
jadi tilu, nya éta :
(1) salaku benda keramat nu dianggap
suci,
(2) papagon masarakat nu tangtu,
jeung
(3) wangun pangdeudeul
karaton/pendopo.
Salaku carita, fungsi wawacan kabagi
jadi opat, nya éta :
(1) alat légitimasi nu nyekel
kakawasaan (raja, bupati) jeung turunanna,
(2) papagon hirup di masarakat nu
tangtu,
(3) papagon pikeun mikawanoh
silsilah kulawarga, jeung
(4) némbongkeun pangaruh raja/bupati
jeung turunannana.
Guru wilangan jeung guru lagu dina pupuh :
Pupuh |
Watek |
Guru
Wilangan Jeung Guru Lagu |
Asmarandana |
katrésna, asmara, deudeuh, asih, atawa
nyaah |
8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a |
Dangdanggula |
ngagambarkeun katengtreman, kawaasan,
kaagungan, jeung kagumbiraan |
10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u,
8-a, 12-i, 7-a |
Kinanti |
kesel nganti-nganti, deudeupeun, atawa
kanyaah |
8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i. |
Sinom |
kagumbiraan atawa mikadeudeuh |
8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i,
12-a |
Balakbak |
Ngagambarkeun lulucon, heureuy atawa
banyol |
15-é, 15é, 15-é |
Durma |
ambek, badag haté (gedé haté), atawa
sumanget |
12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-I |
Gambuh |
rasa hanjelu, kasedih, hésé, kasusah,
atawa nyeri haté |
7-u, 10-u, 12-i, 8-u, 8-o |
Gurisa |
ngalamun atawa malaweung |
8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a |
Jurudemung |
bingung, teu puguh anu kudu dipigawé
(pilakueun) |
8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i |
Ladrang |
lulucon, banyol, jeung nyindiran |
10-i, 4-a (2x), 8-i, 12-a |
Lambang |
lulucon (banyol) tapi ngandung hal anu
kudu disarahan |
8-a, 8-a, 8-a, 8-a |
Magatru |
hanjelu, hanjakal (handeueul) ku
laku-lampah sorangan, atawa mapatahan |
12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o |
Maskumambang |
kahanjelu (nalangsa), nyeri haté |
12-i, 6-a, 8-i, 8a |
Mijil |
sedih (nalangsa) tapi dibarengan ku
pinuh harepan |
10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u |
Pangkur |
ambek lantaran nyanghareupan pancén anu
beurat |
8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12- u, 8-a, 8-i |
Pucung |
ambek ka diri sorangan alatan henteu
sapuk haté. |
12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a |
Wirangrong |
éra (kawiwirangan), éra ku laku-lampah
sorangan |
8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a |
0 komentar:
Post a Comment