Sunday, August 8, 2021

Narjamahkeun

 NARJAMAHKEUN

Pedaran Matéri

A. Maca Téks Tarjamahan

Pék baca sing gemet ieu téks sajak tarjamahan di handap!

Conto 1:

MENDAKI BUKIT

San Francisco 1970

Mendaki bukit dalam trem kecil

Angin memacu dari balik teluk

Agak sayup biru laut. Tak tersentuh

Oleh gapaian tangan yang kecil

(Dicutat tina buku Di Balik Matahari, karya Surachman RM, 1974)

 

DINA TANJAKAN

San Francisco 1970

Trém ngahégak nanjak ka dayeuh

Angin nyusul ti léngkob di landeuh

Lapat-lapat biru laut. Ah, moal kahontal

Ku angen-angen nu ngan sajeungkal

(Dicutat tina buku Di Taman Larangan, karya Surachman RM, 1974)

 

Medar Narjamahkeun

Narjamahkeun téh prosés mindahkeun hiji basa ka basa séjénna. Tina basa asli ka basa sasaran (tujuan). Istilah séjénna sok disebut alih basa. Méméh narjamahkeun, tangtuna kudu ngarti jeung paham heula maksud nu dikandung dina basa aslina, sangkan hasil narjamahkeun téh sarua jeung aslina. Lain baé sarua maksudna, tapi rasa basana ogé kudu merenah. Hasil tarjamahan téh bisa karya ilmiah, bisa ogé karya sastra. Tarjamahan karya sastra tina basa Sunda ka basa deungeun mah teu pati réa. Contona, Deri Hudaya narjamahkeun novel Déng karangan Godi Suwarna kana basa Indonésia. Ki Umbara narjamahkeun carita barudak karanganana, Si Bedog Panjang kana basa Indonésia jadi Si Golok Panjang. Wendy Mukherjee narjamahkeun sawatara puisi Sunda kana basa Inggris tuluy dibukukeun jadi Modern Sundanese Poetry: Voices from West Java. Tapi, tarjamahan tina basa deungeun ka basa Sunda mah lumayan réa. Contona, R. Satjadibrata narjamahkeun novel Graft de Monte Cirosto karangan Alexander Dumas (pangarang Prancis), Sjarif Amin narjamahkeun novel Winnetou karangan Karl May (pangarang Jerman) jadi Rajapati, Moh. Ambri narjamahkeun novel H. Rider Haggard nu judulna King Solomon’s Mine jadi Pependeman Nabi Sulaéman, Min Resmana narjamahkeun Lelaki dan Mesiu karangan Trisno Yuwono (pangarang Indonésia) jadi Lalaki jeung Jajaténna, jeung réa-réa deui.

Ieu di handap conto tarjamahan, nu dicutat tina buku Jatiwangi, Sunda, Indonésia, karangan Ajip Rosidi (2004). Baca sing imeut!

Basa Indonésia

 

Basa Sunda

Semasa bermukim di Osaka, Jepang,

saya mendapatkan kesempatan untuk

membaca buku-buku teori sastera dan

budaya yang sebelumnya tak pernah

terbaca, karena bukunya pun tak pernah

sampai ke negeri kita, maklumlah impor

buku ke Indonesia mengutamakan

buku-buku kedokteran, teknik,

manajemen dan sejenisnya, sedangkan

buku mengenai sastera dan budaya tak

pernah masuk ke sini. Karya-karya

sastera pun tak pernah masuk ke sini.

Buku cerita yang masuk ke sini hanya

sebatas bacaan pop yang di negerinya

sendiri dianggap sampah.

 

Mangsa mangkuk di Osaka, Jepang,

kuring meunang kasempetan macaan

buku-buku tiori sastra jeung budaya anu

saméméhna mah tara kabaca, da

bukuna tara nepi ka urang, bubuhan

impor buku ka Indonésia ngutamakeun

buku-buku kadokteran, téknik,

manajemén jeung sabangsana, ari buku

ngeunaan sastra jeung budaya mah tara

arasup. Karya-karya sastra gé tara asup.

Buku carita anu asup ngan ukur bacaan

pop nu di nagarana dianggap runtah.

 

 

C. Padika Narjamahkeun

 Pék imeutan deui conto téks tarjamahan di awal bab. Dina conto téks kahiji, katingali aya struktur basa jeung rasa nu béda antara téks asli jeung hasil tarjamahanana. Sedengkeun téks kadua mah tarjamahanana saayana, luyu jeung téks  asli. Mémang, dina narjamahkeun bisa sarua jeung téks aslina, bisa ogé rada béda, gumantung métodeu narjamahkeun anu digunakeunana. Aya sawatara cara atawa métodeu dina narjamahkeun. Ieu métodeu narjamahkeun téh gumantung kaperluan. Teu unggal métodeu tarjamahan merenah pikeun hiji téks, di antarana:

1. Tarjamahan interlinéar atawa harfiah: prosés narjamahkeun unggal kecap luyu jeung

runtuyan kecap dina basa aslina.

2. Tarjamahan semantis atawa bébas: prosés narjamahkeun nu teu satia kana basa aslina, ukur ngudag maksud nu dikandungna baé.

3. Tarjamahan saduran atawa adaptasi: prosés narjamahkeun nu lain bébas deui, tapi mindahkeun alam, rasa, jeung suasana aslina disaluyukeun kana alam, rasa, jeung suasana nu nyampak dina kahirupan sabudeureun nu narjamahkeunana.

4. Tarjamahan otomatis: prosés narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa hiji naskah asli kana basa sasaran, contona ngagunakeun google translate.

 

Prosés narjamakeun téh dimimitian ku mariksa téks asli, narjamahkeun, sarta mariksa deui (ngédit) hasil tarjamahan. Hal-hal nu kudu diperhatikeun dina prakprakanana, nyaéta:

1. Kudu satia kana téks aslina jeung kudu némbongkeun kajujuran. Teu meunang nambahan atawa ngurangan hal-hal anu penting dina téks aslina.

2. Perhatikeun kalawan daria sumanget jeung suasana dina téks asli. Sangkan hasil tarjamahan gé luyu rasa jeung gaya basana.

3. Narjamahkeun téh ulah kaku, tapi kudu ngaguluyur saperti téks aslina.

4. Hadéna narjamahkeun téh dibarengan ku kamus, pikeun ngagampangkeun urang néangan kecap-kecap nu teu dipikaharti.

0 komentar:

Post a Comment