Analisis Struktur Artikel
Conto cara Nganalisis Artikel
Pancen !
Pek analisis struktur artikel ieu di handap dumasar kana conto di luhur !
Sampurasun
Geus jadi kailaharan ayeuna mah. Mun urang Sunda biantara, atawa cacarita di hareupeun balaréa, sok tara poho nyebut “sampurasun”. Siga geus jadi kakuduan. Atuh nu diajak cacaritana, atawa jalma réa nu nyaksianana, rampak ngajawab “rampés”. Bari éta téh teuing apaleun teuing henteu, naon maksudna “sampurasun” nu dijawab ku “rampés” téh.
Kungsi babalagonjangan tatanya ka sawatara urang. Hayang apal kumaha ceuk persépsina maksud éta omongan téh. Jawabanana rupa-rupa. Aya nu nyebut salam Sunda, aya nu nyebut saharti jeung assalamu’alaikum, aya ogé nu gigideug baé. Cindekna, umumna mah nyebut “sampurasun” atawa ngajawab “rampés” téh ukur tuturut munding baé.
Kitu deui kungsi tatanya ka barudak nu sok mariluan pasanggiri mojang jajaka. Da éta apan, maranéhna mah mun nyebut “sampurasun” téh rengkuhna daria pisan. Saolah-olah nyebut éta kecap téh bari dibarengan kayakinan anu tangtu. Ongkoh aya kawajiban maranéhna pikeun némbongkeun salam Sunda, anu – dina pasanggiri-pasanggiri samodél kitu – kesanna rada dijieun-jieun.
Ku sabab geus jadi kabiasaan téa, teu saeutik pamingpin nu keur maranggung, samodél bupati atawa gubernur, mun biantara téh tara poho nyebut “sampurasun”. Nepi ka aya gugujrudan apan, Bupati Purwakarta, Dedi Mulyadi, dituding rék ngaganti kecap assalamu’alailkum ku “sampurasun”. Henteu pati tétéla asal muasalna jeung moal rék didadarkeun di dieu kalawan panjang lebar. Ngan tina éta gugujrudan anu tuluy réa dibahas ku média, katémbong yén saenyana henteu kabéh jalma paham naon maksudna “sampurasun”. Malah aya kalawarta anu tuluy ngadadarkeun harti “sampurasun” jeung “rampés”.
Dalah mun urang mukaan kamus ogé horéng “sampurasun” jeung “rampés” téh réa unak-anikna. Dina Kamus Basa Sunda R. Satjadibrata anu medal rada béh ditu (citakan ka-1 taun 1948) upamana, “sampurasun” téh henteu jadi léma anu mandiri. Aya ogé léma “sampura” anu dihartikeun hampura. Jeung “sun” anu dihartikeun ingsun (Jawa) atawa kuring. Mun rék nyanghareup ka éta kamus, “sampurasun” téh bisa dihartikeun ‘hampura kuring’.
Tapi dina léma “rampes” diterangkeun kieu: dilisankeun ku anu boga imah (lamun aya sémah nyebutkeun sampurasun), maksudna nitap asup atawa nitah unggah ka imah. Hartina Satjadibarata ngangken mun aya kecap “sampurasun” ngan teu dihartikeun dina léma anu mandiri. Ti dinya deuih urang jadi apal, mun “sampurasun” jeung “rampés” téh muncul tina
kabiasaan nyemah atawa silih anjangan.
Dina kamus saméméh kamerdékaan ogé teu kapanggih kecap “sampurasun”. Kitu deui dina Kamus Bahasa Naskah dan Prasasti Sunda (Abad 11 s.d. 18) susunan Élis Suryani, spk., henteu kapanggih kecap éta. Nu kapanggih téh kecap “rampés”-na. Ngan béda harti. Dina Kamus Bahasa Naskah, “rampés” téh hartina ‘sampurna’, ‘alus’, ‘tartib’, ‘utama’ jeung sajabana. Sedeng dina A Dictionary of the Sunda Language of Java susunan Jonathan Rigg. “Rampes!” dihartikeun ‘very good, perfectly correct’.
Béda deui jeung dadaran Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata, anu disusun antara taun 1930-1970-an. Diterangkeun yén “sampurasun” téh ringkesan tina kecap-kecap ‘sampura sapun’ anu hartina ‘hampura kuring, punten’. Dina kamus éta kénéh, léma “sampura” dihartikeun ‘hampura’ (Sunda Kuno). Ari kecap “sapun” atawa “samapun” dihartikeun ‘neda maap, neda hampura’ (Sunda Kuno). Jadi “sampura” jeung “sapun” téh sawanda.
Ngan aya katerangan séjén, cenah kecap “sapun” sok dipaké dina mimiti ngarajah upamana pun sapun ka sadu puhun. Lamun urang niténan rajah-rajah carita pantun, kecap “sapun” atawa “pun sapun” mémang mindeng kapanggih. Dina rajah carita pantun Budak Manjor upamana aya pada /pun sapun/ka luhur ka sang rumuhun/ka handap ka sang batara. Lebah nerangkeun kecap “rampés” Danadibrata nerangkeun kieu: kecap pangwalon pribumi ka sémah nu datang nyebut punten ti luar; kecap rampés bisa dihartikeun hadé atawa mangga lebet atawa mangga calik. Ieu katerangan sarupa jeung katerangan Satjadibrata.
Tina dadaran di luhur urang rada hésé nyindekkeun, saenyana ti iraha kecap “sampurasun” muncul dina komunikasi urang Sunda? Tina katerangan Danadibrata, ieu kecap mémang akar-akarna bisa dicukcruk tina basa Sunda Kuno. Ngan lamun niténan katerangan Satjadibrata, “sampurasun”téh siga pangaruh ti Jawa lantaran nyabit-nyabit kecap ‘ingsun’. Ari urang Kanékés, nu cenah representasi urang Sunda Buhun, apan sok nyebutna
téh “tabépun”.
Tapi boh Satjadibrata boh Danadibrata sapuk mun kecap “sampurasun” muncul tina kabiasaan nyémah atawa silih anjangan. Nu anéh mah kiwari, kecap “sampurasun” jeung “rampés” apan geus teu dipaké dina nyémah atawa natamu. Éta dua kecap patémbalan téh apan réa dipaké dina biantara atawa dina masamoan, anu meureun hartina geus lain ‘punten’ jeung ‘mangga lebet’. Boa-boa kudu aya koréksi dina kamus anyar!
(Darpan, Guru SMAN 1 Garut).
0 komentar:
Post a Comment