BIANTARA
Kompetensi Dasar :
Pedaran
Biantara nya éta kagiatan
nyarita di hareupeun jalma réa nu tujuanana pikeun nepikeun hiji hal (perkara).
Naon waé perkarana jeung kudu kumaha prak prakanana, tengetkeun dina ieu
pedaran di handap.
1) Tatahar Biantara
Aya sababaraha hal anu perlu diperhatikeun ku urang
saupama rék biantara. Geura imeutan ku hidep.
(a) Sayaga méntal
Sayaga mental penting pikeun jalma nu rék biantara.
Tujuanana téh di antarana sangkan urang
teu ngadégdég, gugup atawa aga-eugeu dina nyarita.
(b) Nangtukeun
tujuan biantara.
Pikeun naon tujuanana urang biantara téh? Kudu jelas,
naha pikeun ngabéjaan, mangaruhan,
ngabimbing, ngalaporkeun, ngahibur. Sajaba ti éta urang ogé kudu
ngarumuskeun kalawan jelas tujuan hususna, di antarana perkara naon
anu kudu kacanghing ku nu ngaregepkeun, sarta tanggapanana
sanggeus ngaregepkeun biantara.
(c) Milih jejer atawa poko pasualan
Sakapeung jejer téh sok geus ditangtukeun ku pihak
panitia, atawa diluyukeun jeung acara anu lumangsung harita. Upamana, Ngamumulé
Basa Sunda, Miéling Sumpah Pamuda, Nyanghareupan Bulan Suci Romadon, jeung sajabana
(d) Maluruh jalma anu bakal hadir
Saméméh urang biantara, urang kudu maluruh saha
pijalmaeunana anu bakal datang, naha awéwé, lalaki, kolot, budak, pelajar,
mahasiswa, tukang dagang, guru, jeung sajabana. Sanggeus nyaho saha nu bakal hadir,
urang bisa nataharkeun pieusieun jeung pibasaeun anu dipakéna.
(e) Ngumpulkeun bahan
Bahan-bahan picaritaeun téh penting, sangkan urang
lancar nyarita salila biantara. Ku kituna perlu dipaluruh bahan anu luyu jeung
jejer anu rék ditepikeun dina biantara, upamana dina koran, majalah, buku, internét.
(f) Nuliskeun gurat badag picaritaeun
Maksudna saméméhna urang nuliskeun heula gurat badag atawa
poin[1]poin
penting anu rék dicaritakeun dina biantara.
(g) Ngadadarkeun eusi biantara.
Rangkay
picaritaeun téh ditulis pedaranana, ti mimiti nuliskeun bagian bubuka, eusi,
jeung bagian panutup nepi ka jadi naskah biantara anu lengkep. Upama urang rék
biantara bisa milih métodena, naha éta naskah téh rék dibaca sagemblengna? Nu
kitu disebut métode naskah. Beda deui lamun urang ukur nuliskeun gurat badagna
sarta dibacana ukur sakali-kalieun, nu kitu make métode ékstémporan. Tapi lamun
urang salila biantara teu nempo naskah lantaran ngapalkeun saméméhna, nu kitu
disebut métode ngapalkeun. Sajaba ti éta, aya anu biantara henteu tatahar heula
saméméhna, anu kitu maké métode impromptu atawa métode ngadadak. Tah, keur dina
métode nu ahir ieu mah nu biantara téh kudu apal naon acara nu keur lumangsung.
(h) Latihan
Ngayakeun latihan téh gunana sangkan salila biantara
henteu gugup. Latihan maca naskah gunana pikeun mikanyaho eusi nu rék
ditepikeun, ngalatih randegan, kayaning titik jeung koma, luhur handap jeung bedas
halonna sora, katut pasemon.
2) Struktur Biantara
Ari struktur biantara téh diwangun ku tilu bagian,
nyaéta bubuka, eusi, jeung panutup. Geura tengetan péréléanana ieu di handap.
(a) Bagian bubuka, dimimitian ku nepikeun salam
pamuka. Bisa ku assalamu’alaikum atawa ku salam kawilujengan. Aya ogé anu sok
ditambahan ku sampurasun. Sanggeus éta, ditéma ku muji sukur ka Pangéran jeung
nepikeun solawat ka Rosululloh. Da mun ngabandungan urang Barat biantara mah
geuning sok sarwa singget. Ti dinya ditéma ku nepikeun panghormat ka hadirin
anu ngaluuhan acara sarta ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus méré
kasempetan ka dirina pikeun nepikeun biantara. Dina téks biantara di luhur gé
aya bagian bubukana. Geura titénan pok-pokanana ieu di handap.
(b) Bagian eusi mah ngadadarkeun saniskara maksud nu
biantara.
Contona, lamun biantara anu ditulis ku urang pikeun
ditepikeun dina acara paturay-tineung kelas IX, eusina bisa ngawilujengkeun ka
nu rék ninggalkeun sakola, ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu
leuwih luhur, atawa bisa ogé nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah.
(c) Bagian panutup biantara eusina nepikeun
sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah.
Tuluy ditéma ku ngahaturkeun nuhun ka hadirin anu geus saregep ngabandungan biantarana.
Ti dinya nepikeun du’a jeung salam panutup.
Aturan anu didadarkeun di luhur téh runtuyanana bisa diilikan dina ieu bagan dihandap.
3) Nepikeun Biantara
Biantara mah sok dipatalikeun jeung seni nyarita. Naon
sababna? Sabab, dina biantara sakapeung merlukeun gaya jeung omongan nu matak narik
jalma réa nu ngabandunganana. Aya sawatara paktor anu ngalantarankeun biantara
hiji jalma dipikaresep ku balaréa. Éta paktor téh urang sebut baé T-A-M-A-N,
singgetan tina:
(a) Tatag nyaritana, hartina sajeroning biantara téh
urang kudu nyarita kalawan lancar, henteu gugup, jelas, sarta henteu loba
ngarandeg.
(b) Aktual témana: hartina matéri anu dipedar dina
biantara luyu jeung kaayaan kiwari, bener-bener aya, atawa akur jeung situasi
pajamanan ayeuna, lain téma-téma nu geus basi.
(c) Munel eusina, hartina, biantara nu ditepikeun ku
urang téh eusina loba pulunganeunana, atawa loba mangpaatna.
(d) Alus basana, hartina basa nu dipaké ku urang dina
biantara téh bener ceuk kaidah basa Sunda sarta ngandung mamanis basa, upamana kecap-kecap
atawa kalimah-kalimahna pinilih, diselapan ku babasan jeung paribasa, atawa ku
sisindiran. Komo deui mun diselapan ku kata[1]kata mutiara nu
kungsi ditepikeun ku hiji tokoh.
(e) Ngandung wirahma, hartina dina biantara téh kudu
merhatikeun lentong kalimah (intonasi), omongan urang kudu diatur gancang
kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna.
0 komentar:
Post a Comment