TEKS PEDARAN
Kompetensi Dasar :
3.1. Menganalisis isi, struktur dan unsur kebahasaan teks bahasan tradisi Sunda.
4.1. Membuat dan menyajikan bahasan tentang tradisi Sunda dalam bentuk karangan, infografik atau film dokumenter sederhana dengan memperhatikan kaidah bahasa Sunda.
Pedaran
Istilah bahasan sok disebut ogé karangan pedaran
(eksposisi), malah sok disebut ogé karangan éséy. Eusina, biasana ngajéntrékeun
tur medar hiji hal kalawan gemet. Supaya hidep parigel, ayeuna urang diajar
nulis bahasan. Kahadé hidep perlu merhatikeun katangtuan dina nyusun hiji
tulisan. Pék geura tengetan sawatara hal penting ieu di handap!
(1) Nangtukeun Topik, jeung Judul
Topik atawa téma téh ambahan (ruang lingkup) ngeunaan
pasualan atawa bahan nu rék ditulis, sedengkeun judul mah pedaran awal (pituduh
singget) eusi karangan nu rék ditulis. Téma mangaruhan kana wawasan nu nulis.
Leuwih loba maca, nu nulis bakal leuwih loba bahan nu bisa ngadeudeul kana
bahan nu rék ditulis dumasar éta téma.
(2) Nangtukeun Téma
Sawatara hal penting dina mekarkeun téma, di antarana:
a. ulah nyokot téma nu pedaranana lega teuing;
b. pilih téma nu dipikaresep sarta kira-kira ku bisa
dimekarkeun;
c. pilih téma nu sumber atawa bahan bacaanana babari
dipaluruhna.
Saupama téma geus ditangtukeun, satuluyna dipedar jadi
hiji wangun karangan nu ngaguluyur tur sistematis. Salah sahijina ku cara
nangtukeun heula judul karangan. Ari judul karangan nu hade nyaéta nu
ngagambarkeun sakabéh eusi karangan nu rék ditulis.
(3) Nangtukeun Topik - Judul
• Nangtukeun judul karangan
• Nangtukeun naon masalahna, naha, kumaha, di mana,
jeung iraha.
• Judul minangka gambaran tina topik.
• Judul leuwih husus (spesifik) jeung ngagambarkeun
masalah atawa variable nu bakal dipedar
• Judul teu kudu sarua jeung topik. Saupama topik
sakaligus jadi judul, sipat éta karangan biasana umum jeung ambahana leuwih lega;
• Judul ditulis sanggeus ngagarap téma, sangkan kajamin
éta judul cocog jeung eusina;
• Judul nu hadé bakal ngirut nu maca neuleuman eusina,
• Judul ngan ukur nyebutkeun ciri nu penting wungkul,
nepi ka nu maca bisa ngabayangkeun hal-hal naon nu bakal kabaca dina éta tulisan.
(4) Sarat Judul nu Hadé
• Judul kudu luyu atawa relevan jeung téma atawa
topik;
• Judul kudu nimbulkeun kapanasaran jalma hayang maca
éta karya;
• Judul kudu singget, ulah dina wangun kalimah atawa
prase panjang tapi kudu ngawangun kecap atawa beungkeutan kecap nu singget;
• Upama kudu nyieun judul nu panjang, ciptakeun judul
utama nu singget, tuluy judul tambahan nu panjang,
• Judul ulah provokatif. Geura ieu contona judul nu
hadé: “Basa Sunda ti Jaman ka Jaman”
(5) Tujuan Nulis
Sangkan teu ka mana-mendi, urang ogé perlu nangtukeun
tujuan nulis. Tujuan nulis bisa dirumuskeun, upamana pikeun ngabéjakeun
informasi, pikeun nalungtik hiji hal, pikeun ningkatkeun kamampuh, pikeun
ngadalikeun émosi, pikeun nganalisis hiji masalah, pikeun nambahan pangaweruh
jeung wawasan, jeung sajabana.
(6) Ngumpulkeun Bahan
Sanggeus nangtukeun tujuan, satuluyna nangtukeun
bahan. Rupa[1]rupa
cara ngumpulkeun bahan tulisan téh, di antarana maca koran, majalah, atawa
nanyakeun ka narasumber. Cindekna mah unggal panulis ngabogaan cara
masing-masing dina ngumpulkeun bahan nu rék ditulisna.
(7) Milah-Milah Bahan
Sanggeus boga bekel bahan, tuluy éta bahan téh
dipilah-pilah, dipasing-pasing. Pilih mana nu penting, mana nu kudu ditulis
leuwih ti heula jeung mana nu dipandeurikeun. Ngan ulah poho, cokot bahan-bahan
anu luyu jeung téma karangan nu geus ditangtukeun. Cindekna, catet hal-halpenting,
maca dijadikeun hiji kabutuhan, loba diskusi nu positip pikeun nambahan
wawasan.
(8) Nyusun Rangkay Karangan
Bahan nu karangan nu meunang milih téh tuluy disusun
dina wangun rangkay karangan. Susun léngkah-léngkahna. Léngkah mana nu rék diheulakeun
jeung bahan mana nu rék diasupkeun. Kitu satuluyna nepi ka ngawujud rangkay
karangan. Ku cara kitu urang bakal bisa nulis kalawan museur (focus) tur
ngaguluyur sarta kaukur.
0 komentar:
Post a Comment