SMAN 16 Garut

Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut

SMAN 16 Garut

Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut

SMAN 16 Garut

Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut

SMAN 16 Garut

Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut

Sunday, February 28, 2021

LK 1 ( Warta)

 Warta Ka 1 :




Warta 2 :


Pancen 1 :

Kaasup kana Jenis warta numana 2 Teks warta di luhur teh ?

Tuesday, February 23, 2021

LK 3 ( Praktek Drama Online)

LK 3 ( Praktek Drama Online)

Kelas XII 

Pek jieun kelompok pikeun praktek Drama !

1. Sakelompok 6 Urang atawa leuwih

2. Praktekeun Drama nu judulna Ciung Wanara sacara online

3. Drama bisa ngaliwatan zoom, Whatsapp jeung aplikasi sejenna

4. Upload vidio hidep tuluy kirimkeun linkna kana tugas classroom


Catetan :

Saupama hidep teu aya batur kelompok mangga tiasa praktek darama sacara monolog kalayan neangan/nyieun teks dramana !

Conto Drama Online

Ulangan Harian Kelas XII

LINK ULANGAN HARIAN BASA SUNDA
KELAS XII
SMA NEGERI 16 GARUT

Link Ulangan Harian mangga klik di handap :

Monday, February 22, 2021

PEDARAN ARTIKEL

 PEDARAN ARTIKEL

Artikel téh ngabogaan harti salaku hiji karangan faktual (nonfiksi) nu populér ngeunaan hiji masalah sacara lengkep, anu panjangna teu tangtu, pikeun dimuat dina média massa. Artikel kaasup kategori tulisan views (sawangan, nyaéta tulisan anu eusina sawangan, ideu, opini, kumaha nu nulis ngajén kana hiji masalah atawa kajadian.

Minangka karya populer, artikel téh hartina karya tulis lengkep dina média massa saperti surat kabar, majalah, tabloid, jeung sajabana nu bisa kacangkem ku balaréa. Aya ogé nu nyebutkeun, artikel nyaéta tulisan lepas nu eusina mangrupa opini hiji jalma anu ngajujut hiji masalah nu tangtu, sipatna aktual atawa kontrovérsial kalawan udagan pikeun méré nyaho (informatif) jeung ngayakinkeun (pérsuasif arguméntatif), atawa ngahibur halayak nu maca (rékréatif). Nu dimaksud lepas téh sabab saha waé bisa nulis artikel, kalawan topik anu bébas, saluyu jeung minat sarta widang kaahlian dirina masing-masing. Nu nulis artikel raket patalina jeung hiji ideu atawa gagasan ngeunaan pasualan jeung solusi anu hayang ditepikeun

ka halayak. Nulis artikel, biasana miboga udagan pikeun nawarkeun solusi pikeun ngungkulan masalah, ngadidik, ngahibur jeung mangaruhan nu maca.

 

a. Kalungguhan jeung Kagunaan Artikel

1. Penerjemah warta dina kalawarta

Pikeun kalawarta, tabloid, atawa majalah, artikel nu ditulis ku ahli dina widangna miboga fungsi minangka pangaping sakaligus minangka penerjemah jeung nu nganalisis warta. Artikel, miboga fungsi pikeun ngahijikeun fakta-fakta dina warta kana hiji wengkuan jéntré, tandes, sarta ngeunah dibacana.

 

2. Wahana diskusi geusan néangan solusi sarta prosés aktualisasi jeung éksisténsi diri.

a. Wahana diskusi jeung sosialisasi gagasan. Salaku masarakat intelék, nu nulis tangtu miboga kahariwang ngeunaan naon nu kabandungan, kabaca, katempo, nu kadéngé,

sajeroning pangalamanana. Tuluy manéhna ngajén sarta ngangtukeun sikep kana poko pasualanana. Salaku individu nu intelék manéhna miboga sikep ngeunaan hiji bebeneran, kajujuran, kaadilan, démokrasi, nanjeurkeun hukum, norma-norma sosial agama, atawa hal anu sifatna normatif ogé diaku sacara universal.

 

b. Sarana kontribusi pamikiran pikeun méré solusi kana hiji masalah. Pikeun nu nulis artikel, yén nulis pikeun média massa téh dirojong ku tékadna pikeun méré kontribusi pamikiran dina raraga néang solusi kana hiji hal anu karandapan ku masarakat atawa bangsa.

 c. Sarana aktualisasi sakaligus pikeun éksisténsi diri. Teu saeutik jalma sacara sadar nulis artikel konsumsi pérs téh minangka sarana aktualisasi sakaligus éksisténsi diri. Descrates miboga pamadegan cogito ergo sum ‘saya berpikir maka saya ada’. Ngan jalma nu daék mikir nu bisa némbongkeun ajén diri nu bakal diaku ku masarakat.


b. Ciri Artikel

Artikel nu ditulis pikeun kalawarta atawa majalah mibanda tujuh ciri, nyaéta:

1. Aya ngaran nu nulisna

Artikel nyaéta karya individual, hartina dina artikel ngaran nu nulis kudu dicantumkeun kalayan jelas. Pikeun artikel opini ngaran nu nulis biasana ditulis di luhur/di handapeun judul tulisan. Tapi lamun kategorina di luar opini contona artikel ‘ringan’ jeung artikel praktis ngaran nu nulis ditulis rada disumputkeun ku cara disimpen di ahir tulisan jeung ditempatkeun di jero kurung. 

2. Miboga gagasan nu aktual jeung atawa kontrovérsial

Artikel kudu miboga gagasan nu aktual, kontrovérsial, atawa duanana. Gagasan nu aktual hartina sifatna anyar, can loba ditulis jeung diobrolkeun, hiji hal nu aya di luar batas atawa nu ilahar.

3. Gagasan nu diangkat dina tulisan kudu patali jeung kapentingan jalma réa.

Artikel nu ditulis kudu méré mangpaat ka jalma réa luyu jeung kaayaan pasar média massa nu midangkeun éta artikel.

4. Ditulis kalayan référénsial ku visi nu inteléktual.

Artikel nyaéta hiji karya nonfiksi, hartina béda jeung novél atawa carpon nu mangrupa hiji prosés imajinasi kréatif nu nulis. Artikel mangrupa hiji prosés kréatif inteléktual. Minangka karya inteléktual artikel kudu dirojong ku bacaan, pangaweruh, jeung tiori nu relevan anu biasana aya dina kalawarta, majalah, jurnal, hasil-hasil panalungtikan, skripsi, buku, atawa internét.

5. Dipidangkeun dina basa nu hirup, populér, jeung komunikatif

Artikel kudu maké basa jurnalistik. Basa jurnalistik hartina basa nu ilahar dipaké dina pérs, kalawarta, majalah, bulétin, jeung tabloid. Basa jurnalistik ciri utamana nyaéta basajan, jéntré, singget, ngirut, babari ditarima, babari diinget, kaharti jeung dipikaharti ku jalma réa maksud jeung arahna (komunikatif).

6. Singget jeung tuntas

Singget sacara filosofis hartina sacara langsung, pikiran nu maca teu diulinkeun, nepi ka hésé nyurahanana. Singget sacara téknis hartina diluyukeun jeung kavling atawa rohangan nu disadiakeun anu unggal kalawarta rélatif béda. Tuntas hartina henteu nyambung kana édisi nu satuluyna, artikel nu dipidangkeun dina kalawarta édisi ayeuna kudu bérés dina saharitaeun. Aya ogé anu dimuat sacara bersambung nepi dua atawa tilu édisi, tapi frékuénsi jeung préséntasena kawilang jarang.

7. Orisinal

Artikel anu ditulis asli mangrupa karya sorangan lain hasil plagiat atawa mindahkeun tulisan batur diaku karya sorangan. Pikeun nyingkahan éta hal nu nulis kudu ngawasa sakaligus ngamalkeun étika penulisan. Kadua artikel nu ditulis sarta dikirimkeun ka kalawarta atawa majalah kudu anu aslina lain meunang motokopi atawa salinanana.


c. Struktur Karangan Populer

Bubuka

• Kasang tukang

• Oriéntasi masalah

• Gambaran umum

Dadaran

• Nepikeun data-data atawa fakta

• Nepikeun argumen atawa opini

• Ngadéskripsikeun masalah jeung cara ngaréngsékeunana

Panutup

• Saran

• Kacindekan

• Harepan

 

d. Aspek Kabahasaan

Basa anu digunakeun dina artikel béda jeung basa anu digunakeun dina sajak atawa carpon (karangan fiksi). Basa nu digunakeun dina karya fiksi biasana direumbeuy ku mamanis basa dina wangun métafora, babasan, jeung paribasa. Tapi, teu nutup kamungkinan babasan jeung paribasa ogé sawaktu-waktu digunakeun dina nulis artikel. Saperti anu kapanggih dina artikel di luhur, contona:

a) Jati kasilih ku junti= pribumi kaéléhkeun ku urang deungeun-deungeun (urang asing)

b) Cueut ka nu hideung ponténg ka nu konéng= henteu adil atawa beurat sabeulah.


    Sumber : BASA SUNDA URANG

KELAS XII

Sunday, February 21, 2021

Pedaran Warta

 PEDARAN WARTA

1) Watesan Warta

Kecap warta atawa berita asalna tina basa Sansekerta viritta nu hartina béja ngeunaan hiji kajadian atawa hal nu keur kajadian. Istilah warta dina jurnalistik dipaké pikeun ngalaporkeun kajadian nu eukeur atawa anu enggeus lumangsung.

Warta téh bisa dibédakeun jadi sababaraha katagori, dumasar bobot eusina, lokasi peristiwana, sipatna, jeung topikna. Warta teu ukur nepikeun béja ngeunaan peristiwa kiwari jeung nu kamari, tapi deuih sakapeung mah sok mangaruhan ka nu narimana, boh nu maca boh nu ngaregepkeun. Umumna warta diwawarkeun dina media massa, kayaning surat kabar, majalah, radio, jeung televise. Malahan mah di jaman kiwari geus bisa dipaluruh dina internet.

Sababaraha unsur anu perlu ditengetan dina hiji berita nyaéta: (1) midangkeun hal anu dianggap anyar, (2) peristiwa dianggap penting, (3) miboga ma’na keur masarakat, (4) miboga pangaruh ka nu maca, (5) aya hubunganana jeung jalma réa, (6) bisa dipercaya jeung teu jijieunan, (7) ngirut atawa matak resep lamun dibaca, sarta (8) luar biasa. Nepikeun hiji warta téh dipandu ku sababaraha kecap pananya minangka kaidah nu aya dina jurnalistik, kayaning what, who, when, where, why, jeung how (5W + 1H).

 

2) Jenis Warta

Nilik kana wandana warta téh dibagi jadi sababaraha jenis. Dina ieu pangajaran mah anu diperdar téh ngeunaan warta jenis straight news jeungdepth news.

 

(a) Straight News

Straight news disebut ogé warta langsung, nyaéta warta anu dipidangkeun dumasar kajadian nu sabenerna kalawan ngagunakeun basa nu lugas ngarah babari kahartina ku nu narima. Éta warta samodél kitu téh sok disebut ogé hard news atawa spot news. Warta nu judulna “Drama Basa Sunda jeung Rumaja” di luhur ogé dipandu ku kecap-kecap pananya kayaning naon, saha, iraha, dimana, naha, jeung kumaha sabenerna hiji kajadian lumangsung, kalawan teu ditambah atawa dikurangan. Warta nu wandana kitu téh dina kaidah jurnalistik mah sok disebut straight news report, nyaéta nepikeun laporan ngeunaan hiji kajadian persis sakumaha nu kabandungan atawa pakta anu sabenerna, sarta ditulis ku basa nu singget tur basajan. Jadi warta nu di luhur téh ditulis dumasar kajadian anu lumangsung saenyana jeung saayana, teu ditambahan jeung teu dikurangan. Sawatara hal anu kudu diperhatikeun dina warta straight news, di antarana (1) beritana teu bisa ditunda, hartina kudu buru-buru atawa langsung harita kénéh diwawarkeun ka balaréa; (2) mentingkeun aktualitas atawa warta anu keur jadi bahan obrolan masarakat; (3) disusun ngagunakeun pola piramida tibalik, nyaéta hal inti ditulis leuwih awal; (4) sok disebut ogé breaking news atawa spot news; (5) diwangun ku 100-200 kecap; (6) ngabogaan tujuan pikeun nambah bahan informasi ka balaréa (publik).

 

(b) Depth News

Depth news nyaéta warta anu dipidangkeun sajaba ti nepikeun peristiwa nu sabenerna ogé sok ditambahan ku informasi nu mangrupa pakta séjénna, nu aya patalina jeung peristiwa nu keur kajadian. Sawatara hal anu kudu diperhatikeun dina warta depth news, di antarana (1) bisa dipublikasikeun iraha waé, teu kauger ku waktu; (2) merhatikeun human interest (ngangkat aspek kamanusaan); (3) péréléan beritana ditulis kalawan luwes, henteu kaku; (4) teu aya watesan jumlah kecap; (5) sajaba ti nepikeun informasi, ogé sipatna ngahibur.

 Sumber : BASA SUNDA URANG

KELAS XI

Sunday, February 14, 2021

Ulangan Haarian Kelas XI

LINK ULANGAN HARIAN BASA SUNDA
KELAS XI
SMA NEGERI 16 GARUT

Link Ulangan Kelas XI MIPA

Link Ulangan Kelas XI IPS

  Ulangan Ka 1 (Bab Novel)

 Ulangan Ka 1 (Bab Novel)




Friday, February 12, 2021

Cek NISN

NISN SISWA KELAS X MIPA
SMAN 16 GARUT
TAHUN PELAJARAN 2021/2022

NISN SISWA KELAS X IPS
SMAN 16 GARUT
TAHUN PELAJARAN 2021/2022

NISN SISWA KELAS XI MIPA
SMAN 16 GARUT
TAHUN PELAJARAN 2021/2022

NISN SISWA KELAS XI IPS
SMAN 16 GARUT
TAHUN PELAJARAN 2021/2022

NISN SISWA KELAS XII MIPA
SMAN 16 GARUT
TAHUN PELAJARAN 2021/2022

NISN SISWA KELAS XII IPS
SMAN 16 GARUT
TAHUN PELAJARAN 2021/2022

Monday, February 1, 2021

LK 2 Novel

 LK 2 NOVEL

Pancen 1

1. Pék téangan sinopsis/ringkesan carita tina novel baruang kanu ngarora karya D.K Ardiwinata (Leuwih hadé maca novelna) !

2. Jieun sinopsis/ringkesan jeung unsur intrinsik tina éta ringkesan dina wangun (bagan / Gambar / animasi) !

LK 2 (Drama)

Pék baca ieu naskah drama di handap sing imeut ! 

Dicutat tina Basa Sunda Urang (Kelas XII)           

Pancén 1 !

Teangan paling saeutik 5 kecap nu teu kaharti tur téangan hartina dina kamus !

Pancén 2 !

Analisis mana nu kaasup kana :
1. Prolog
2. Dialog
3. Monolog
4. Epilog
dumasar kana téks drama di luhur !
5. Cirian kalimah langsung/teu langsung damasar kana éta téks drama !