SMAN 16 Garut

Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut

SMAN 16 Garut

Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut

SMAN 16 Garut

Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut

SMAN 16 Garut

Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut

Monday, March 1, 2021

LK 1 Resensi

NYIEUN JEUNG ANALISIS RESENSI


Pancen 1
Pek jieun Hasil resensi buku/film/musik saluyu jeung kaidah dina ngaresensi nu kaunggel dina materi resensi !

Pancen 2
Analisis struktur tina hasil resensi nu dijieun ku hidep !



LK 1 (Artikel)

Analisis Struktur Artikel 

Conto cara Nganalisis Artikel


Pancen !
Pek analisis struktur artikel ieu di handap dumasar kana conto di luhur !

Sampurasun

            Geus jadi kailaharan ayeuna mah. Mun urang Sunda biantara, atawa cacarita di hareupeun balaréa, sok tara poho nyebut “sampurasun”. Siga geus jadi kakuduan. Atuh nu diajak cacaritana, atawa jalma réa nu nyaksianana, rampak ngajawab “rampés”. Bari éta téh teuing apaleun teuing henteu, naon maksudna “sampurasun” nu dijawab ku “rampés” téh.
            Kungsi babalagonjangan tatanya ka sawatara urang. Hayang apal kumaha ceuk persépsina maksud éta omongan téh. Jawabanana rupa-rupa. Aya nu nyebut salam Sunda, aya nu nyebut saharti jeung assalamu’alaikum, aya ogé nu gigideug baé. Cindekna, umumna mah nyebut “sampurasun” atawa ngajawab “rampés” téh ukur tuturut munding baé.
            Kitu deui kungsi tatanya ka barudak nu sok mariluan pasanggiri mojang jajaka. Da éta apan, maranéhna mah mun nyebut “sampurasun” téh rengkuhna daria pisan. Saolah-olah nyebut éta kecap téh bari dibarengan kayakinan anu tangtu. Ongkoh aya kawajiban maranéhna pikeun némbongkeun salam Sunda, anu – dina pasanggiri-pasanggiri samodél kitu – kesanna rada dijieun-jieun.
            Ku sabab geus jadi kabiasaan téa, teu saeutik pamingpin nu keur maranggung, samodél bupati atawa gubernur, mun biantara téh tara poho nyebut “sampurasun”. Nepi ka aya gugujrudan apan, Bupati Purwakarta, Dedi Mulyadi, dituding rék ngaganti kecap assalamu’alailkum ku “sampurasun”. Henteu pati tétéla asal muasalna jeung moal rék didadarkeun di dieu kalawan panjang lebar. Ngan tina éta gugujrudan anu tuluy réa dibahas ku média, katémbong yén saenyana henteu kabéh jalma paham naon maksudna “sampurasun”. Malah aya kalawarta anu tuluy ngadadarkeun harti “sampurasun” jeung “rampés”.
            Dalah mun urang mukaan kamus ogé horéng “sampurasun” jeung “rampés” téh réa unak-anikna. Dina Kamus Basa Sunda R. Satjadibrata anu medal rada béh ditu (citakan ka-1 taun 1948) upamana, “sampurasun” téh henteu jadi léma anu mandiri. Aya ogé léma “sampura” anu dihartikeun hampura. Jeung “sun” anu dihartikeun ingsun (Jawa) atawa kuring. Mun rék nyanghareup ka éta kamus, “sampurasun” téh bisa dihartikeun ‘hampura kuring’.
            Tapi dina léma “rampes” diterangkeun kieu: dilisankeun ku anu boga imah (lamun aya sémah nyebutkeun sampurasun), maksudna nitap asup atawa nitah unggah ka imah. Hartina Satjadibarata ngangken mun aya kecap “sampurasun” ngan teu dihartikeun dina léma anu mandiri. Ti dinya deuih urang jadi apal, mun “sampurasun” jeung “rampés” téh muncul tina
kabiasaan nyemah atawa silih anjangan.
            Dina kamus saméméh kamerdékaan ogé teu kapanggih kecap “sampurasun”. Kitu deui dina Kamus Bahasa Naskah dan Prasasti Sunda (Abad 11 s.d. 18) susunan Élis Suryani, spk., henteu kapanggih kecap éta. Nu kapanggih téh kecap “rampés”-na. Ngan béda harti. Dina Kamus Bahasa Naskah, “rampés” téh hartina ‘sampurna’, ‘alus’, ‘tartib’, ‘utama’ jeung sajabana. Sedeng dina A Dictionary of the Sunda Language of Java susunan Jonathan Rigg. “Rampes!” dihartikeun ‘very good, perfectly correct’.
            Béda deui jeung dadaran Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata, anu disusun antara taun 1930-1970-an. Diterangkeun yén “sampurasun” téh ringkesan tina kecap-kecap ‘sampura sapun’ anu hartina ‘hampura kuring, punten’. Dina kamus éta kénéh, léma “sampura” dihartikeun ‘hampura’ (Sunda Kuno). Ari kecap “sapun” atawa “samapun” dihartikeun ‘neda maap, neda hampura’ (Sunda Kuno). Jadi “sampura” jeung “sapun” téh sawanda.
            Ngan aya katerangan séjén, cenah kecap “sapun” sok dipaké dina mimiti ngarajah upamana pun sapun ka sadu puhun. Lamun urang niténan rajah-rajah carita pantun, kecap “sapun” atawa “pun sapun” mémang mindeng kapanggih. Dina rajah carita pantun Budak Manjor upamana aya pada /pun sapun/ka luhur ka sang rumuhun/ka handap ka sang batara.                    Lebah nerangkeun kecap “rampés” Danadibrata nerangkeun kieu: kecap pangwalon pribumi ka sémah nu datang nyebut punten ti luar; kecap rampés bisa dihartikeun hadé atawa mangga lebet atawa mangga calik. Ieu katerangan sarupa jeung katerangan Satjadibrata.
            Tina dadaran di luhur urang rada hésé nyindekkeun, saenyana ti iraha kecap “sampurasun” muncul dina komunikasi urang Sunda? Tina katerangan Danadibrata, ieu kecap mémang akar-akarna bisa dicukcruk tina basa Sunda Kuno. Ngan lamun niténan katerangan Satjadibrata, “sampurasun”téh siga pangaruh ti Jawa lantaran nyabit-nyabit kecap ‘ingsun’. Ari urang Kanékés, nu cenah representasi urang Sunda Buhun, apan sok nyebutna
téh “tabépun”.
            Tapi boh Satjadibrata boh Danadibrata sapuk mun kecap “sampurasun” muncul tina kabiasaan nyémah atawa silih anjangan. Nu anéh mah kiwari, kecap “sampurasun” jeung “rampés” apan geus teu dipaké dina nyémah atawa natamu. Éta dua kecap patémbalan téh apan réa dipaké dina biantara atawa dina masamoan, anu meureun hartina geus lain ‘punten’ jeung ‘mangga lebet’. Boa-boa kudu aya koréksi dina kamus anyar!
(Darpan, Guru SMAN 1 Garut).






Resensi

A. Pedaran

            Sanggeus nengetan conto di luhur, tangtu ku hidep geus meunang gambaran naon ari résénsi téh. Tah ayeuna urang guar naon anu sabenerna résénsi téh.

            Sacara étimologis, kecap résénsi asalna tina basa Latin, nyaéta tina kecap revidere atawa recensere, nu hartina ningali deui, nimbang atawa ngajén. Résénsi nyaéta tulisan nu eusina tinimbangan ngeunaan kualitas karya hiji buku. Karya nu dimaksud di dieu nyaéta bisa buku, film, pertunjukan atawa drama. Nulis résénsi buku dina dasarna sarua jeung nulis anu lian. Buku anu kumaha anu dirésénsi téh? Teu aya katangtuan ari buku anu mana-manana mah, ngan buku anu dirésénsi biasana buku-buku anu dipedalkeun (terbitan) anyar, tur éta buku téh dianggap perlu dibaca ku balaréa. Buku anu geus terbitna geus heubeul gé sakapeung sok aya anungarésénsi .

            Ari résénsi téh nyaéta tulisan atawa pedaran ngeunaan hadé goréngna ajén hiji karya atawa buku. Demi tujuan résénsi téh pangpangna nepikeun ka nu maca, naha éta karya atawa buku téh payus meunang pangbagéa ti masarakat atawa henteu. Mun kitu mah résénsi téh teu bina ti ‘cukang’ atawa ‘rawayan’ nu nepungkeun antara pangarang/pencipta jeung masarakat. Pikeun méré tinimbangan atawa ajén sacara objéktif kana hiji karya atawa buku, nu nulis résénsi diperedih kudu merhatikeun dua aspék. Kahiji; nu nulis résénsi kudu weruh kalayan gembleng maksud jeung tujuan pangarang aslina; kadua, nu nulis résénsi kudu sadar jeung apal maksud nyieun éta résénsi. Singgetna mah, nu nulis résénsi anu alus mah kudu bener-bener nohonan kawajiban ka nu maca jeung ngajén kana éta buku.

            Nulis résénsi buku atawa ngarésénsi buku, kira-kira sarua jeung meunteun (ngajén) hiji buku boh karya buku nu sipatna fiksi boh nonfiksi. Salian karya fiksi jeung nonfiksi, résénsi ogé patali kana ngajén peméntasan hiji drama atawa musik jeung film. Prosés ngajén téh dilakukeun ku cara ngébréhkeun sisi kaonjoyan jeung kahéngkéran tina drama atawa musik jeung film sacara objéktif. Geura urang bandingkeun, kumaha péréléanana antara résénsi buku jeung résénsi pilem.

1) Résénsi Buku

a. Naon tujuanana nulis résénsi buku? 

            Tujuan ngarésénsi nyaéta pikeun méré nyaho ka balaréa yén éta buku téh dianggap perlu dibaca. Saha anu ngabogaan hak nulis résénsi buku? Anu nulis résénsi buku mah bisa saha waé, ngan saratna éta jalma nu nulis résénsi téh kudu maham heula sakabéh eusi buku. Lamun anu nulisna ti pihak penerbit, di sagigireun pikeun ngabéjakeun pentingna dibaca éta buku, ogé sakalian propaganda atawa ngiklankeun sangkan éta buku dibareuli.

b. H al-hal naon baé anu kudu diperhatikeun dina ngarésénsi buku

            Dumasar kana tujuanana mah, eusi nu ditulis dina résénsi téh biasana medar eusi buku, utamana kaunggulanana. Jarang eusi résénsi anu medar ngeunaan kahéngkéranana (kakuranganana). Nulis résénsi buku biasana ti mimiti ngabéjakeun idéntitas buku, kayaning pangarangna, jilidna, penerbitna, taun terbitna, nepi ka jumlah bab. Nuliskeun idéntitas buku téh penting, sangkan balaréa nu ngarasa perlu maca atawa hayang ngabogaan éta buku babari néanganana upama ngahaja meuli di toko buku.

c. Kumaha Prak-prakan ngarésénsi Buku?

• Buku nu rék dirésénsi baca heula sing taliti, alusna ulah ngan sakali. Naon judulna, saha pangarangna, medal taun sabaraha mun aya cétakan ka sabaraha, pamedalna, harga, ukuran buku, jeung kaca

• Geus bener–bener katangkep eusina, timbang lebah mana kaonjoyanana jeung kahéngkérannana. Naha aya hal anu anéh/istiméwa atawa sabalikna.

• Taliti basana; tata basa, istilah-istilah, éjahan, gaya basa, mun perlu nepi ka titik komana, utamana upama anu dirésénsina buku ngeunaan basa.

• Pola nulisna; ngeunah henteu dibacana, karasa henteu rasa basana, jeung komunikatif atawa henteu.

• Sakira dianggap penting, titénan ilustrasi jeung tata artistikna. Naha ilustrasina merenah atawa malah patojaiah, teu ka ditu teu ka dieu. Nya kitu deui tata artistikna, pangpangna hurup jeung metakeun selangsurupna.

• Upama tujuanana hayang méré gambaran lengkep ka nu maraca, ulah poho taliti jumlah kaca jeung hargana.

• Sanggeus kitu kakara hasil pangajén urang ditulis. Inget, dina ngasongkeun pangajén kudu daria objéktif.

• Ari ngarésénsi téh prinsipna mah ngajén atawa meunteun hasil karya saperti: drama, novél, kumpulan carpon, kumpulan dongéng, pertunjukan, sinetron, film jeung réa-réa deui.

d. Di mana urang bisa manggihan tulisan résénsi buku?

            Résénsi biasana sok dimuat dina koran atawa majalah. Naha hidep kungsi maca résénsi nu aya dina koran atawa majalah? Sakali mangsa mah hidep gé perlu maca résénsi nu aya dina koran atawa majalah, sangkan wawasan hidep nambahan.

2) Résénsi Pilem

a. Naon tujuanana nulis résénsi pilem?

            Tujuan ngarésénsi nyaéta pikeun ngabéjakeun ka balaréa yén éta pilem téh dianggap perlu dilalajoan. Saha anu ngabogaan hak nulis résénsi pilem? Anu nulis résénsi pilem ogé sarua jeung buku, bisa saha waé. Ngan saratna éta jalma kudu maham heula perkara pilem. Lamun anu nulisna ti pihak produser, di sagigireun pikeun ngabéjakeun pentingna éta pilem dilalajoan, ogé sakalian propaganda atawa ngiklankeun sangkan masarakat daék lalajo.

b. H al naon waé nu ditulis dina résénsi pilem? 

            Teu pati jauh jeung résénsi buku, eusi nu ditulis dina résénsi pilem biasana ngeunaan eusi caritana, tokohna, musik pangiringna, jeung sajabana. Anu dipedar utamana kaunggulanana. Sakumaha résénsi buku, jarang anu medar resési pilem ngeunaan kahéngkéranana (kakuranganana). Nulis résénsi buku biasana ti mimiti ngabéjakeun idéntitas pilem, kayaning judul jeung jenis pilem, nu nulis skenario, sutradara, para palaku, jeung produser.

c. Di mana urang bisa manggihan tulisan résénsi pilem?

            Résénsi pilem ogé biasana sok dimuat dina koran atawa majalah. 

3) Résénsi Musik

            Degung salah sahiji gamelan has hasil karancagéan masarakat Sunda. Degung kaasup instrumen (tatabeuhan) basajan tapi agung jeung miboga wanda lagu anu ngareunah diregepkeunana. 

            Degung geus dipikawanoh ti jaman Pajajaran, ditabeuh pikeun ngeusi acara dina upacara kaagamaan, upacara adat jeung kariaan séjénna. Kiwari degung biasa ditabeuh pikeun mirig sendratari, upacara kawinan, upacara adat jeung upacara lianna.

4) Résénsi Pertunjukan

            Résénsi pertunjukan atawa disebut ogé pintonan eusi, maksud, jeung tuujuanana teu béda jauh jeung résénsi buku, pilem, katut musik di luhur. 


B. Aspék Kabasaan

1) Maluruh Jumlah Kalimah dina Unggal Paragrap

            Tengetan ieu sempalan wacana di handap!

            Wacana di luhur diwangun ku tilu paragrap. Paragrap kahiji diwangun ku opat kalimah. Geura ilikan ieu kalimahnna:

*Kalimah kahiji:

Tema ieu kagiatan nyaéta unity in diversity.

*Kalimah kadua:

Alesan dipakéna éta téma téh lantaran angklung bisa dipaénkeun ku unggal jalma tanpa wates umur, agama, jeung suku bangsa.

*Kalimah katilu:

Dina ieu acara baris diondang ogé warga nagara deungeun, salah sahijina Australia.

*Kalimah kaopat:

Ku angklung, dipiharep bisa ngahijikeun unggal sélér bangsa nu aya di saalam dunya.

2) Maluruh warna kecap dina kalimah

            Dina basa Sunda paling saeutik miboga opat warna kecap asal, di antarana kecap barang, kecap pagawéan, kecap sipat/kaayaan, jeung kecap bilangan. Geura tengetan kecap-kecap dina wacana ieu di handap!


Nilik kana warna kecapna, kalimah di luhur diwangun ku:

kecap barang: Gamelan, Sunda, degung, suling degung, rebab, kacapi, bonang, kulantér, jenglong, saron, gambang, panerus, goong, kendang.

Kecap pagawéan : diwangun

Kecap sipat : -

Kecap bilangan : -

Imeutan deui kalimah di handap!


Kalimah di luhur diwangun ku warna kecap:

barang : gamelan, kabudayaan,

sipat/kaayaan : tumuwuh, mekar, lilana

bilangan : mangtaun-taun

Nilik kana wujudna ogé éta degung mani sakitu éndahna

Kalimah di luhur diwangun ku warna kecap:

barang : wujudna, degung

sipat : éndah

Kalimah di luhur diwangun warna kecap:

Pagawéan : ditabeuh,

Sipat : muriding, éndah, agung

 Sumber : BASA SUNDA URANG

KELAS XII