Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut
Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut
Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut
Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut
LEMBAR KERJA SISWA
Sekolah :
SMAN 16 Garut
Mata Pelajaran :
Bahasa Sunda
Kelas/Semester :
X / 1
Materi Pokok : Narjamahkeun
Pancen!
Ayeuna
urang latihan narjamahkeun. Pék eusian titik-titik dina kolom kadua
(basa
Indonésia) ku kekecapan nu geus disadiakeun gigireunana. Pilih kekecapan anu
luyu!
Basa
Sunda |
Basa
Indonesia |
Pilihan
Kecap |
Pamanggih (Ayat
Rohaédi) Salapan
bulan ngakandung Moal
aya hiji jalma leuwih
ti indung micinta indung
gudang hampura. Salapan
bulan dikandung. Moal
aya hiji jalma leuwih
ti anak nu rumasa anak
gudang dosa. Salapan
bulan ngakandung pinuh
rasa jeung rumasa. Salapan
bulan dikandung pinuh
dosa jeung rumasa. (Dicutat
tina Mengenal Kesusastraan Sunda, 2013) |
...................................... Sembilan
bulan.... ...........seorang
pun manusia Lebih
dari bunda mencintai bunda
sumber..................... Sembilan
bulan................... ...........seorang
pun manusia lebih
dari anak insaf merasa anak
sumber dosa Sembilan
bulan................. penuh
rasa dan.................. Sembilan
bulan................. penuh
dosa dan................. |
dikandung keinsafan pendapat mengandung tiada pengampunan mengandung dikandung tiada keinsafan |
Évaluasi
Pangajaran
1.
Soal Pilihan Ganda
Béré
tanda cakra (X) dina pilihan A, B, C, D, atawa E lebah jawaban nu dianggap
bener!
1.
Mindahkeun hiji basa ka basa séjénna disebut ....
A. nyalin
B. ngawawancara
C. narjamahkeun
D. ngarékam
E. nuliskeun
2.
Méméh urang narjamahkeun hadéna kudu ....
A. ngarti jeung
paham kana basa aslina
B. ngarti jeung
teu paham kana basa aslina
C. teu ngarti
jeung paham kana basa aslina
D. teu ngarti
jeung teu paham kana basa aslina
E. teu ngarti
jeung teu paham kana basa tarjamahan
3.
Karya nu ditarjamahan tina basa Sunda ka basa Indonésia di antarana ...
A. Si Bedog
Panjang jadi Si Golok Panjang
B. Si Bedog
Panjang jadi Si Bedog Panjang
C. Si Golok
Panjang jadi Si Golok Panjang
D. Si Golok
Panjang jadi Si Bedog Panjang
E. Si Bedog Panjang
jadi Golok yang Panjang
4.
Salasahiji métodeu narjamahkeun nyaéta ....
A. nyalin
B. nulis
C. maca
D. interlinéar
E. internalisasi
5.
Prosés narjamahkeun nu teu satia kana basa aslina, disebut ....
A. interlinéar
B. otomatis
C. saduran
D. adaptasi
E. bébas
6.
Prosés narjamahkeun unggal kecap tina basa aslina, disebut ...
A. semantis
B. otomatis
C. saduran
D. adaptasi
E. bébas
7.
Prosés narjamahkeun ku cara mindahkeun alam, rasa, jeung suasana aslina kana alam,
rasa, jeung suasana kahirupan nu narjamahkeunana, disebut ....
A. semantis
B. otomatis
C. harfiah
D. harfiah
E. bébas
8.
Prosés narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat pikeun narjamahkeunana, disebut
....
A. semantis
B. otomatis
C. saduran
D. adaptasi
E. bébas
9.
Kalimah “saya pergi ke pasar”, upama ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi ....
A. kuring pergi ke
pasar
B. kuring indit ke
pasar
C. kuring pergi ka
pasar
D. kuring indit ka
pasar
E. kuring indit
menuju pasar
10.
Prosés narjamakeun téh dimimitian ku ....
A. mariksa téks
asli, narjamahkeun, mariksa deui hasil tarjamahan
B. mariksa téks
asli, narjamahkeun, narjamahkeun deui
C. mariksa téks
asli, mariksa hasil tarjamahan, narjamahkeun
D. mariksa téks
asli, teu narjamahkeun, teu mariksa deui
E. mariksa téks
asli, teu narjamahkeun, mariksa tarjamahan
Pedaran Matéri
A. Maca Téks Tarjamahan
Pék baca sing gemet ieu téks sajak tarjamahan
di handap!
Conto 1:
MENDAKI BUKIT
San Francisco 1970
Mendaki bukit dalam trem kecil
Angin memacu dari balik teluk
Agak sayup biru laut. Tak tersentuh
Oleh gapaian tangan yang kecil
(Dicutat tina buku Di Balik Matahari, karya
Surachman RM, 1974)
DINA TANJAKAN
San Francisco 1970
Trém ngahégak nanjak ka dayeuh
Angin nyusul ti léngkob di landeuh
Lapat-lapat biru laut. Ah, moal kahontal
Ku angen-angen nu ngan sajeungkal
(Dicutat tina buku Di Taman Larangan, karya
Surachman RM, 1974)
Medar
Narjamahkeun
Narjamahkeun téh prosés mindahkeun hiji basa ka basa séjénna. Tina
basa asli ka basa sasaran (tujuan). Istilah séjénna sok disebut alih basa. Méméh
narjamahkeun, tangtuna kudu ngarti jeung paham heula maksud nu dikandung dina
basa aslina, sangkan hasil narjamahkeun téh sarua jeung aslina. Lain baé sarua
maksudna, tapi rasa basana ogé kudu merenah. Hasil tarjamahan téh bisa karya
ilmiah, bisa ogé karya sastra. Tarjamahan karya sastra tina basa Sunda ka basa
deungeun mah teu pati réa. Contona, Deri Hudaya narjamahkeun novel Déng
karangan Godi Suwarna kana basa Indonésia. Ki Umbara narjamahkeun carita
barudak karanganana, Si Bedog Panjang kana basa Indonésia jadi Si Golok
Panjang. Wendy Mukherjee narjamahkeun sawatara puisi Sunda kana basa Inggris tuluy
dibukukeun jadi Modern Sundanese Poetry: Voices from West Java. Tapi,
tarjamahan tina basa deungeun ka basa Sunda mah lumayan réa. Contona, R.
Satjadibrata narjamahkeun novel Graft de Monte Cirosto karangan Alexander Dumas
(pangarang Prancis), Sjarif Amin narjamahkeun novel Winnetou karangan Karl May (pangarang
Jerman) jadi Rajapati, Moh. Ambri narjamahkeun novel H. Rider Haggard nu judulna
King Solomon’s Mine jadi Pependeman Nabi Sulaéman, Min Resmana narjamahkeun
Lelaki dan Mesiu karangan Trisno Yuwono (pangarang Indonésia) jadi Lalaki jeung
Jajaténna, jeung réa-réa deui.
Ieu di handap conto tarjamahan, nu dicutat tina buku Jatiwangi,
Sunda, Indonésia, karangan Ajip Rosidi (2004). Baca sing imeut!
Basa Indonésia |
Basa Sunda |
Semasa bermukim di Osaka, Jepang, saya mendapatkan kesempatan untuk membaca buku-buku teori sastera dan budaya yang sebelumnya tak pernah terbaca, karena bukunya pun tak pernah sampai ke negeri kita, maklumlah impor buku ke Indonesia mengutamakan buku-buku kedokteran, teknik, manajemen dan sejenisnya, sedangkan buku mengenai sastera dan budaya tak pernah masuk ke sini. Karya-karya sastera pun tak pernah masuk ke sini. Buku cerita yang masuk ke sini hanya sebatas bacaan pop yang di negerinya sendiri dianggap sampah. |
Mangsa mangkuk di Osaka, Jepang, kuring meunang kasempetan macaan buku-buku tiori sastra jeung budaya anu saméméhna mah tara kabaca, da bukuna tara nepi ka urang, bubuhan impor buku ka Indonésia ngutamakeun buku-buku kadokteran, téknik, manajemén jeung sabangsana, ari buku ngeunaan sastra jeung budaya mah tara arasup. Karya-karya sastra gé tara asup. Buku carita anu asup ngan ukur bacaan pop nu di nagarana dianggap runtah. |
C.
Padika Narjamahkeun
Pék imeutan deui conto téks
tarjamahan di awal bab. Dina conto téks kahiji, katingali aya struktur basa
jeung rasa nu béda antara téks asli jeung hasil tarjamahanana. Sedengkeun téks
kadua mah tarjamahanana saayana, luyu jeung téks asli. Mémang, dina narjamahkeun bisa sarua
jeung téks aslina, bisa ogé rada béda, gumantung métodeu narjamahkeun anu
digunakeunana. Aya sawatara cara atawa métodeu dina narjamahkeun. Ieu métodeu narjamahkeun
téh gumantung kaperluan. Teu unggal métodeu tarjamahan merenah pikeun hiji
téks, di antarana:
1. Tarjamahan
interlinéar atawa harfiah: prosés narjamahkeun unggal kecap luyu jeung
runtuyan
kecap dina basa aslina.
2.
Tarjamahan semantis atawa bébas: prosés narjamahkeun nu teu satia kana basa
aslina, ukur ngudag maksud nu dikandungna baé.
3.
Tarjamahan saduran atawa adaptasi: prosés narjamahkeun nu lain bébas deui, tapi
mindahkeun alam, rasa, jeung suasana aslina disaluyukeun kana alam, rasa, jeung
suasana nu nyampak dina kahirupan sabudeureun nu narjamahkeunana.
4.
Tarjamahan otomatis: prosés narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat pikeun
mindahkeun basa hiji naskah asli kana basa sasaran, contona ngagunakeun google
translate.
Prosés
narjamakeun téh dimimitian ku mariksa téks asli, narjamahkeun, sarta mariksa
deui (ngédit) hasil tarjamahan. Hal-hal nu kudu diperhatikeun dina
prakprakanana, nyaéta:
1.
Kudu satia kana téks aslina jeung kudu némbongkeun kajujuran. Teu meunang nambahan
atawa ngurangan hal-hal anu penting dina téks aslina.
2.
Perhatikeun kalawan daria sumanget jeung suasana dina téks asli. Sangkan hasil tarjamahan
gé luyu rasa jeung gaya basana.
3.
Narjamahkeun téh ulah kaku, tapi kudu ngaguluyur saperti téks aslina.
4.
Hadéna narjamahkeun téh dibarengan ku kamus, pikeun ngagampangkeun urang néangan
kecap-kecap nu teu dipikaharti.
3.1. Menganalisis isi, struktur dan unsur kebahasaan teks bahasan tradisi Sunda.
4.1. Membuat dan menyajikan bahasan tentang tradisi Sunda dalam bentuk karangan, infografik atau film dokumenter sederhana dengan memperhatikan kaidah bahasa Sunda.
Istilah bahasan sok disebut ogé karangan pedaran
(eksposisi), malah sok disebut ogé karangan éséy. Eusina, biasana ngajéntrékeun
tur medar hiji hal kalawan gemet. Supaya hidep parigel, ayeuna urang diajar
nulis bahasan. Kahadé hidep perlu merhatikeun katangtuan dina nyusun hiji
tulisan. Pék geura tengetan sawatara hal penting ieu di handap!
(1) Nangtukeun Topik, jeung Judul
Topik atawa téma téh ambahan (ruang lingkup) ngeunaan
pasualan atawa bahan nu rék ditulis, sedengkeun judul mah pedaran awal (pituduh
singget) eusi karangan nu rék ditulis. Téma mangaruhan kana wawasan nu nulis.
Leuwih loba maca, nu nulis bakal leuwih loba bahan nu bisa ngadeudeul kana
bahan nu rék ditulis dumasar éta téma.
(2) Nangtukeun Téma
Sawatara hal penting dina mekarkeun téma, di antarana:
a. ulah nyokot téma nu pedaranana lega teuing;
b. pilih téma nu dipikaresep sarta kira-kira ku bisa
dimekarkeun;
c. pilih téma nu sumber atawa bahan bacaanana babari
dipaluruhna.
Saupama téma geus ditangtukeun, satuluyna dipedar jadi
hiji wangun karangan nu ngaguluyur tur sistematis. Salah sahijina ku cara
nangtukeun heula judul karangan. Ari judul karangan nu hade nyaéta nu
ngagambarkeun sakabéh eusi karangan nu rék ditulis.
(3) Nangtukeun Topik - Judul
• Nangtukeun judul karangan
• Nangtukeun naon masalahna, naha, kumaha, di mana,
jeung iraha.
• Judul minangka gambaran tina topik.
• Judul leuwih husus (spesifik) jeung ngagambarkeun
masalah atawa variable nu bakal dipedar
• Judul teu kudu sarua jeung topik. Saupama topik
sakaligus jadi judul, sipat éta karangan biasana umum jeung ambahana leuwih lega;
• Judul ditulis sanggeus ngagarap téma, sangkan kajamin
éta judul cocog jeung eusina;
• Judul nu hadé bakal ngirut nu maca neuleuman eusina,
• Judul ngan ukur nyebutkeun ciri nu penting wungkul,
nepi ka nu maca bisa ngabayangkeun hal-hal naon nu bakal kabaca dina éta tulisan.
(4) Sarat Judul nu Hadé
• Judul kudu luyu atawa relevan jeung téma atawa
topik;
• Judul kudu nimbulkeun kapanasaran jalma hayang maca
éta karya;
• Judul kudu singget, ulah dina wangun kalimah atawa
prase panjang tapi kudu ngawangun kecap atawa beungkeutan kecap nu singget;
• Upama kudu nyieun judul nu panjang, ciptakeun judul
utama nu singget, tuluy judul tambahan nu panjang,
• Judul ulah provokatif. Geura ieu contona judul nu
hadé: “Basa Sunda ti Jaman ka Jaman”
(5) Tujuan Nulis
Sangkan teu ka mana-mendi, urang ogé perlu nangtukeun
tujuan nulis. Tujuan nulis bisa dirumuskeun, upamana pikeun ngabéjakeun
informasi, pikeun nalungtik hiji hal, pikeun ningkatkeun kamampuh, pikeun
ngadalikeun émosi, pikeun nganalisis hiji masalah, pikeun nambahan pangaweruh
jeung wawasan, jeung sajabana.
(6) Ngumpulkeun Bahan
Sanggeus nangtukeun tujuan, satuluyna nangtukeun
bahan. Rupa[1]rupa
cara ngumpulkeun bahan tulisan téh, di antarana maca koran, majalah, atawa
nanyakeun ka narasumber. Cindekna mah unggal panulis ngabogaan cara
masing-masing dina ngumpulkeun bahan nu rék ditulisna.
(7) Milah-Milah Bahan
Sanggeus boga bekel bahan, tuluy éta bahan téh
dipilah-pilah, dipasing-pasing. Pilih mana nu penting, mana nu kudu ditulis
leuwih ti heula jeung mana nu dipandeurikeun. Ngan ulah poho, cokot bahan-bahan
anu luyu jeung téma karangan nu geus ditangtukeun. Cindekna, catet hal-halpenting,
maca dijadikeun hiji kabutuhan, loba diskusi nu positip pikeun nambahan
wawasan.
(8) Nyusun Rangkay Karangan
Bahan nu karangan nu meunang milih téh tuluy disusun
dina wangun rangkay karangan. Susun léngkah-léngkahna. Léngkah mana nu rék diheulakeun
jeung bahan mana nu rék diasupkeun. Kitu satuluyna nepi ka ngawujud rangkay
karangan. Ku cara kitu urang bakal bisa nulis kalawan museur (focus) tur
ngaguluyur sarta kaukur.
Biantara nya éta kagiatan
nyarita di hareupeun jalma réa nu tujuanana pikeun nepikeun hiji hal (perkara).
Naon waé perkarana jeung kudu kumaha prak prakanana, tengetkeun dina ieu
pedaran di handap.
Aya sababaraha hal anu perlu diperhatikeun ku urang
saupama rék biantara. Geura imeutan ku hidep.
(a) Sayaga méntal
Sayaga mental penting pikeun jalma nu rék biantara.
Tujuanana téh di antarana sangkan urang
teu ngadégdég, gugup atawa aga-eugeu dina nyarita.
(b) Nangtukeun
tujuan biantara.
Pikeun naon tujuanana urang biantara téh? Kudu jelas,
naha pikeun ngabéjaan, mangaruhan,
ngabimbing, ngalaporkeun, ngahibur. Sajaba ti éta urang ogé kudu
ngarumuskeun kalawan jelas tujuan hususna, di antarana perkara naon
anu kudu kacanghing ku nu ngaregepkeun, sarta tanggapanana
sanggeus ngaregepkeun biantara.
(c) Milih jejer atawa poko pasualan
Sakapeung jejer téh sok geus ditangtukeun ku pihak
panitia, atawa diluyukeun jeung acara anu lumangsung harita. Upamana, Ngamumulé
Basa Sunda, Miéling Sumpah Pamuda, Nyanghareupan Bulan Suci Romadon, jeung sajabana
(d) Maluruh jalma anu bakal hadir
Saméméh urang biantara, urang kudu maluruh saha
pijalmaeunana anu bakal datang, naha awéwé, lalaki, kolot, budak, pelajar,
mahasiswa, tukang dagang, guru, jeung sajabana. Sanggeus nyaho saha nu bakal hadir,
urang bisa nataharkeun pieusieun jeung pibasaeun anu dipakéna.
(e) Ngumpulkeun bahan
Bahan-bahan picaritaeun téh penting, sangkan urang
lancar nyarita salila biantara. Ku kituna perlu dipaluruh bahan anu luyu jeung
jejer anu rék ditepikeun dina biantara, upamana dina koran, majalah, buku, internét.
(f) Nuliskeun gurat badag picaritaeun
Maksudna saméméhna urang nuliskeun heula gurat badag atawa
poin[1]poin
penting anu rék dicaritakeun dina biantara.
(g) Ngadadarkeun eusi biantara.
Rangkay
picaritaeun téh ditulis pedaranana, ti mimiti nuliskeun bagian bubuka, eusi,
jeung bagian panutup nepi ka jadi naskah biantara anu lengkep. Upama urang rék
biantara bisa milih métodena, naha éta naskah téh rék dibaca sagemblengna? Nu
kitu disebut métode naskah. Beda deui lamun urang ukur nuliskeun gurat badagna
sarta dibacana ukur sakali-kalieun, nu kitu make métode ékstémporan. Tapi lamun
urang salila biantara teu nempo naskah lantaran ngapalkeun saméméhna, nu kitu
disebut métode ngapalkeun. Sajaba ti éta, aya anu biantara henteu tatahar heula
saméméhna, anu kitu maké métode impromptu atawa métode ngadadak. Tah, keur dina
métode nu ahir ieu mah nu biantara téh kudu apal naon acara nu keur lumangsung.
(h) Latihan
Ngayakeun latihan téh gunana sangkan salila biantara
henteu gugup. Latihan maca naskah gunana pikeun mikanyaho eusi nu rék
ditepikeun, ngalatih randegan, kayaning titik jeung koma, luhur handap jeung bedas
halonna sora, katut pasemon.
Ari struktur biantara téh diwangun ku tilu bagian,
nyaéta bubuka, eusi, jeung panutup. Geura tengetan péréléanana ieu di handap.
(a) Bagian bubuka, dimimitian ku nepikeun salam
pamuka. Bisa ku assalamu’alaikum atawa ku salam kawilujengan. Aya ogé anu sok
ditambahan ku sampurasun. Sanggeus éta, ditéma ku muji sukur ka Pangéran jeung
nepikeun solawat ka Rosululloh. Da mun ngabandungan urang Barat biantara mah
geuning sok sarwa singget. Ti dinya ditéma ku nepikeun panghormat ka hadirin
anu ngaluuhan acara sarta ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus méré
kasempetan ka dirina pikeun nepikeun biantara. Dina téks biantara di luhur gé
aya bagian bubukana. Geura titénan pok-pokanana ieu di handap.
(b) Bagian eusi mah ngadadarkeun saniskara maksud nu
biantara.
Contona, lamun biantara anu ditulis ku urang pikeun
ditepikeun dina acara paturay-tineung kelas IX, eusina bisa ngawilujengkeun ka
nu rék ninggalkeun sakola, ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu
leuwih luhur, atawa bisa ogé nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah.
(c) Bagian panutup biantara eusina nepikeun
sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah.
Tuluy ditéma ku ngahaturkeun nuhun ka hadirin anu geus saregep ngabandungan biantarana.
Ti dinya nepikeun du’a jeung salam panutup.
Aturan anu didadarkeun di luhur téh runtuyanana bisa diilikan dina ieu bagan dihandap.
Biantara mah sok dipatalikeun jeung seni nyarita. Naon
sababna? Sabab, dina biantara sakapeung merlukeun gaya jeung omongan nu matak narik
jalma réa nu ngabandunganana. Aya sawatara paktor anu ngalantarankeun biantara
hiji jalma dipikaresep ku balaréa. Éta paktor téh urang sebut baé T-A-M-A-N,
singgetan tina:
(a) Tatag nyaritana, hartina sajeroning biantara téh
urang kudu nyarita kalawan lancar, henteu gugup, jelas, sarta henteu loba
ngarandeg.
(b) Aktual témana: hartina matéri anu dipedar dina
biantara luyu jeung kaayaan kiwari, bener-bener aya, atawa akur jeung situasi
pajamanan ayeuna, lain téma-téma nu geus basi.
(c) Munel eusina, hartina, biantara nu ditepikeun ku
urang téh eusina loba pulunganeunana, atawa loba mangpaatna.
(d) Alus basana, hartina basa nu dipaké ku urang dina
biantara téh bener ceuk kaidah basa Sunda sarta ngandung mamanis basa, upamana kecap-kecap
atawa kalimah-kalimahna pinilih, diselapan ku babasan jeung paribasa, atawa ku
sisindiran. Komo deui mun diselapan ku kata[1]kata mutiara nu
kungsi ditepikeun ku hiji tokoh.
(e) Ngandung wirahma, hartina dina biantara téh kudu
merhatikeun lentong kalimah (intonasi), omongan urang kudu diatur gancang
kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna.