SMAN 16 Garut

Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut

SMAN 16 Garut

Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut

SMAN 16 Garut

Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut

SMAN 16 Garut

Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut

Sunday, August 8, 2021

LK 1 Narjamahkeun

 LEMBAR KERJA SISWA

 

Sekolah                                    : SMAN 16 Garut

Mata Pelajaran                        : Bahasa Sunda

Kelas/Semester                        : X / 1

Materi Pokok                           : Narjamahkeun

Pancen!

Ayeuna urang latihan narjamahkeun. Pék eusian titik-titik dina kolom kadua

(basa Indonésia) ku kekecapan nu geus disadiakeun gigireunana. Pilih kekecapan anu

luyu!

 

Basa Sunda

Basa Indonesia

Pilihan Kecap

Pamanggih

(Ayat Rohaédi)

 

Salapan bulan ngakandung

Moal aya hiji jalma

leuwih ti indung micinta

indung gudang hampura.

 

Salapan bulan dikandung.

Moal aya hiji jalma

leuwih ti anak nu rumasa

anak gudang dosa.

 

Salapan bulan ngakandung

pinuh rasa jeung rumasa.

Salapan bulan dikandung

pinuh dosa jeung rumasa.

(Dicutat tina Mengenal Kesusastraan Sunda, 2013)

 

 

......................................

 

 

Sembilan bulan....

...........seorang pun manusia

Lebih dari bunda mencintai

bunda sumber.....................

 

Sembilan bulan...................

...........seorang pun manusia

lebih dari anak insaf merasa

anak sumber dosa

 

Sembilan bulan.................

penuh rasa dan..................

Sembilan bulan.................

penuh dosa dan.................

 

dikandung

keinsafan

pendapat

mengandung

tiada

pengampunan

mengandung

dikandung

tiada

keinsafan

 

 

Évaluasi Pangajaran

1. Soal Pilihan Ganda

Béré tanda cakra (X) dina pilihan A, B, C, D, atawa E lebah jawaban nu dianggap bener!

1. Mindahkeun hiji basa ka basa séjénna disebut ....

A. nyalin

B. ngawawancara

C. narjamahkeun

D. ngarékam

E. nuliskeun

2. Méméh urang narjamahkeun hadéna kudu ....

A. ngarti jeung paham kana basa aslina

B. ngarti jeung teu paham kana basa aslina

C. teu ngarti jeung paham kana basa aslina

D. teu ngarti jeung teu paham kana basa aslina

E. teu ngarti jeung teu paham kana basa tarjamahan

3. Karya nu ditarjamahan tina basa Sunda ka basa Indonésia di antarana ...

A. Si Bedog Panjang jadi Si Golok Panjang

B. Si Bedog Panjang jadi Si Bedog Panjang

C. Si Golok Panjang jadi Si Golok Panjang

D. Si Golok Panjang jadi Si Bedog Panjang

E. Si Bedog Panjang jadi Golok yang Panjang

4. Salasahiji métodeu narjamahkeun nyaéta ....

A. nyalin

B. nulis

C. maca

D. interlinéar

E. internalisasi

5. Prosés narjamahkeun nu teu satia kana basa aslina, disebut ....

A. interlinéar

B. otomatis

C. saduran

D. adaptasi

E. bébas

6. Prosés narjamahkeun unggal kecap tina basa aslina, disebut ...

A. semantis

B. otomatis

C. saduran

D. adaptasi

E. bébas

7. Prosés narjamahkeun ku cara mindahkeun alam, rasa, jeung suasana aslina kana alam, rasa, jeung suasana kahirupan nu narjamahkeunana, disebut ....

A. semantis

B. otomatis

C. harfiah

D. harfiah

E. bébas

8. Prosés narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat pikeun narjamahkeunana, disebut ....

A. semantis

B. otomatis

C. saduran

D. adaptasi

E. bébas

9. Kalimah “saya pergi ke pasar”, upama ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi ....

A. kuring pergi ke pasar

B. kuring indit ke pasar

C. kuring pergi ka pasar

D. kuring indit ka pasar

E. kuring indit menuju pasar

10. Prosés narjamakeun téh dimimitian ku ....

A. mariksa téks asli, narjamahkeun, mariksa deui hasil tarjamahan

B. mariksa téks asli, narjamahkeun, narjamahkeun deui

C. mariksa téks asli, mariksa hasil tarjamahan, narjamahkeun

D. mariksa téks asli, teu narjamahkeun, teu mariksa deui

E. mariksa téks asli, teu narjamahkeun, mariksa tarjamahan

Narjamahkeun

 NARJAMAHKEUN

Pedaran Matéri

A. Maca Téks Tarjamahan

Pék baca sing gemet ieu téks sajak tarjamahan di handap!

Conto 1:

MENDAKI BUKIT

San Francisco 1970

Mendaki bukit dalam trem kecil

Angin memacu dari balik teluk

Agak sayup biru laut. Tak tersentuh

Oleh gapaian tangan yang kecil

(Dicutat tina buku Di Balik Matahari, karya Surachman RM, 1974)

 

DINA TANJAKAN

San Francisco 1970

Trém ngahégak nanjak ka dayeuh

Angin nyusul ti léngkob di landeuh

Lapat-lapat biru laut. Ah, moal kahontal

Ku angen-angen nu ngan sajeungkal

(Dicutat tina buku Di Taman Larangan, karya Surachman RM, 1974)

 

Medar Narjamahkeun

Narjamahkeun téh prosés mindahkeun hiji basa ka basa séjénna. Tina basa asli ka basa sasaran (tujuan). Istilah séjénna sok disebut alih basa. Méméh narjamahkeun, tangtuna kudu ngarti jeung paham heula maksud nu dikandung dina basa aslina, sangkan hasil narjamahkeun téh sarua jeung aslina. Lain baé sarua maksudna, tapi rasa basana ogé kudu merenah. Hasil tarjamahan téh bisa karya ilmiah, bisa ogé karya sastra. Tarjamahan karya sastra tina basa Sunda ka basa deungeun mah teu pati réa. Contona, Deri Hudaya narjamahkeun novel Déng karangan Godi Suwarna kana basa Indonésia. Ki Umbara narjamahkeun carita barudak karanganana, Si Bedog Panjang kana basa Indonésia jadi Si Golok Panjang. Wendy Mukherjee narjamahkeun sawatara puisi Sunda kana basa Inggris tuluy dibukukeun jadi Modern Sundanese Poetry: Voices from West Java. Tapi, tarjamahan tina basa deungeun ka basa Sunda mah lumayan réa. Contona, R. Satjadibrata narjamahkeun novel Graft de Monte Cirosto karangan Alexander Dumas (pangarang Prancis), Sjarif Amin narjamahkeun novel Winnetou karangan Karl May (pangarang Jerman) jadi Rajapati, Moh. Ambri narjamahkeun novel H. Rider Haggard nu judulna King Solomon’s Mine jadi Pependeman Nabi Sulaéman, Min Resmana narjamahkeun Lelaki dan Mesiu karangan Trisno Yuwono (pangarang Indonésia) jadi Lalaki jeung Jajaténna, jeung réa-réa deui.

Ieu di handap conto tarjamahan, nu dicutat tina buku Jatiwangi, Sunda, Indonésia, karangan Ajip Rosidi (2004). Baca sing imeut!

Basa Indonésia

 

Basa Sunda

Semasa bermukim di Osaka, Jepang,

saya mendapatkan kesempatan untuk

membaca buku-buku teori sastera dan

budaya yang sebelumnya tak pernah

terbaca, karena bukunya pun tak pernah

sampai ke negeri kita, maklumlah impor

buku ke Indonesia mengutamakan

buku-buku kedokteran, teknik,

manajemen dan sejenisnya, sedangkan

buku mengenai sastera dan budaya tak

pernah masuk ke sini. Karya-karya

sastera pun tak pernah masuk ke sini.

Buku cerita yang masuk ke sini hanya

sebatas bacaan pop yang di negerinya

sendiri dianggap sampah.

 

Mangsa mangkuk di Osaka, Jepang,

kuring meunang kasempetan macaan

buku-buku tiori sastra jeung budaya anu

saméméhna mah tara kabaca, da

bukuna tara nepi ka urang, bubuhan

impor buku ka Indonésia ngutamakeun

buku-buku kadokteran, téknik,

manajemén jeung sabangsana, ari buku

ngeunaan sastra jeung budaya mah tara

arasup. Karya-karya sastra gé tara asup.

Buku carita anu asup ngan ukur bacaan

pop nu di nagarana dianggap runtah.

 

 

C. Padika Narjamahkeun

 Pék imeutan deui conto téks tarjamahan di awal bab. Dina conto téks kahiji, katingali aya struktur basa jeung rasa nu béda antara téks asli jeung hasil tarjamahanana. Sedengkeun téks kadua mah tarjamahanana saayana, luyu jeung téks  asli. Mémang, dina narjamahkeun bisa sarua jeung téks aslina, bisa ogé rada béda, gumantung métodeu narjamahkeun anu digunakeunana. Aya sawatara cara atawa métodeu dina narjamahkeun. Ieu métodeu narjamahkeun téh gumantung kaperluan. Teu unggal métodeu tarjamahan merenah pikeun hiji téks, di antarana:

1. Tarjamahan interlinéar atawa harfiah: prosés narjamahkeun unggal kecap luyu jeung

runtuyan kecap dina basa aslina.

2. Tarjamahan semantis atawa bébas: prosés narjamahkeun nu teu satia kana basa aslina, ukur ngudag maksud nu dikandungna baé.

3. Tarjamahan saduran atawa adaptasi: prosés narjamahkeun nu lain bébas deui, tapi mindahkeun alam, rasa, jeung suasana aslina disaluyukeun kana alam, rasa, jeung suasana nu nyampak dina kahirupan sabudeureun nu narjamahkeunana.

4. Tarjamahan otomatis: prosés narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa hiji naskah asli kana basa sasaran, contona ngagunakeun google translate.

 

Prosés narjamakeun téh dimimitian ku mariksa téks asli, narjamahkeun, sarta mariksa deui (ngédit) hasil tarjamahan. Hal-hal nu kudu diperhatikeun dina prakprakanana, nyaéta:

1. Kudu satia kana téks aslina jeung kudu némbongkeun kajujuran. Teu meunang nambahan atawa ngurangan hal-hal anu penting dina téks aslina.

2. Perhatikeun kalawan daria sumanget jeung suasana dina téks asli. Sangkan hasil tarjamahan gé luyu rasa jeung gaya basana.

3. Narjamahkeun téh ulah kaku, tapi kudu ngaguluyur saperti téks aslina.

4. Hadéna narjamahkeun téh dibarengan ku kamus, pikeun ngagampangkeun urang néangan kecap-kecap nu teu dipikaharti.

Daftar Hadir dan Tugas Kelas X

 

ABSEN / REKAP ABSEN / REKAP TUGAS BASA SUNDA
KELAS X
SEMESTER 1

TAHUN PELAJARAN 2021/2022

Sunday, August 1, 2021

Teks Pedaran

 TEKS PEDARAN

Kompetensi Dasar :

3.1. Menganalisis isi, struktur dan unsur kebahasaan teks bahasan tradisi Sunda.

4.1. Membuat dan menyajikan bahasan tentang tradisi Sunda dalam bentuk karangan, infografik atau film dokumenter sederhana dengan memperhatikan kaidah bahasa Sunda.

Pedaran

Istilah bahasan sok disebut ogé karangan pedaran (eksposisi), malah sok disebut ogé karangan éséy. Eusina, biasana ngajéntrékeun tur medar hiji hal kalawan gemet. Supaya hidep parigel, ayeuna urang diajar nulis bahasan. Kahadé hidep perlu merhatikeun katangtuan dina nyusun hiji tulisan. Pék geura tengetan sawatara hal penting ieu di handap!

(1) Nangtukeun Topik, jeung Judul

Topik atawa téma téh ambahan (ruang lingkup) ngeunaan pasualan atawa bahan nu rék ditulis, sedengkeun judul mah pedaran awal (pituduh singget) eusi karangan nu rék ditulis. Téma mangaruhan kana wawasan nu nulis. Leuwih loba maca, nu nulis bakal leuwih loba bahan nu bisa ngadeudeul kana bahan nu rék ditulis dumasar éta téma.

(2) Nangtukeun Téma

Sawatara hal penting dina mekarkeun téma, di antarana:

a. ulah nyokot téma nu pedaranana lega teuing;

b. pilih téma nu dipikaresep sarta kira-kira ku bisa dimekarkeun;

c. pilih téma nu sumber atawa bahan bacaanana babari dipaluruhna.

Saupama téma geus ditangtukeun, satuluyna dipedar jadi hiji wangun karangan nu ngaguluyur tur sistematis. Salah sahijina ku cara nangtukeun heula judul karangan. Ari judul karangan nu hade nyaéta nu ngagambarkeun sakabéh eusi karangan nu rék ditulis.

(3) Nangtukeun Topik - Judul

• Nangtukeun judul karangan

• Nangtukeun naon masalahna, naha, kumaha, di mana, jeung iraha.

• Judul minangka gambaran tina topik.

• Judul leuwih husus (spesifik) jeung ngagambarkeun masalah atawa variable nu bakal dipedar

• Judul teu kudu sarua jeung topik. Saupama topik sakaligus jadi judul, sipat éta karangan biasana umum jeung ambahana leuwih lega;

• Judul ditulis sanggeus ngagarap téma, sangkan kajamin éta judul cocog jeung eusina;

• Judul nu hadé bakal ngirut nu maca neuleuman eusina,

• Judul ngan ukur nyebutkeun ciri nu penting wungkul, nepi ka nu maca bisa ngabayangkeun hal-hal naon nu bakal kabaca dina éta tulisan.

(4) Sarat Judul nu Hadé

• Judul kudu luyu atawa relevan jeung téma atawa topik;

• Judul kudu nimbulkeun kapanasaran jalma hayang maca éta karya;

• Judul kudu singget, ulah dina wangun kalimah atawa prase panjang tapi kudu ngawangun kecap atawa beungkeutan kecap nu singget;

• Upama kudu nyieun judul nu panjang, ciptakeun judul utama nu singget, tuluy judul tambahan nu panjang,

• Judul ulah provokatif. Geura ieu contona judul nu hadé: “Basa Sunda ti Jaman ka Jaman”

(5) Tujuan Nulis

Sangkan teu ka mana-mendi, urang ogé perlu nangtukeun tujuan nulis. Tujuan nulis bisa dirumuskeun, upamana pikeun ngabéjakeun informasi, pikeun nalungtik hiji hal, pikeun ningkatkeun kamampuh, pikeun ngadalikeun émosi, pikeun nganalisis hiji masalah, pikeun nambahan pangaweruh jeung wawasan, jeung sajabana.

(6) Ngumpulkeun Bahan

Sanggeus nangtukeun tujuan, satuluyna nangtukeun bahan. Rupa[1]rupa cara ngumpulkeun bahan tulisan téh, di antarana maca koran, majalah, atawa nanyakeun ka narasumber. Cindekna mah unggal panulis ngabogaan cara masing-masing dina ngumpulkeun bahan nu rék ditulisna.

(7) Milah-Milah Bahan

Sanggeus boga bekel bahan, tuluy éta bahan téh dipilah-pilah, dipasing-pasing. Pilih mana nu penting, mana nu kudu ditulis leuwih ti heula jeung mana nu dipandeurikeun. Ngan ulah poho, cokot bahan-bahan anu luyu jeung téma karangan nu geus ditangtukeun. Cindekna, catet hal-halpenting, maca dijadikeun hiji kabutuhan, loba diskusi nu positip pikeun nambahan wawasan.

(8) Nyusun Rangkay Karangan

Bahan nu karangan nu meunang milih téh tuluy disusun dina wangun rangkay karangan. Susun léngkah-léngkahna. Léngkah mana nu rék diheulakeun jeung bahan mana nu rék diasupkeun. Kitu satuluyna nepi ka ngawujud rangkay karangan. Ku cara kitu urang bakal bisa nulis kalawan museur (focus) tur ngaguluyur sarta kaukur.


Biantara Kelas XI

 BIANTARA

Kompetensi Dasar :

3.1. Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan teks biantara. 
4.1. Mendemonstrasikan biantara dengan memperhatikan kesantunan dan penggunaan kaidah bahasa

Pedaran

Biantara nya éta kagiatan nyarita di hareupeun jalma réa nu tujuanana pikeun nepikeun hiji hal (perkara). Naon waé perkarana jeung kudu kumaha prak prakanana, tengetkeun dina ieu pedaran di handap.

1) Tatahar Biantara

Aya sababaraha hal anu perlu diperhatikeun ku urang saupama rék biantara. Geura imeutan ku hidep.

(a) Sayaga méntal

Sayaga mental penting pikeun jalma nu rék biantara. Tujuanana téh di  antarana sangkan urang teu ngadégdég, gugup atawa aga-eugeu dina  nyarita.

(b) Nangtukeun tujuan biantara.

Pikeun naon tujuanana urang biantara téh? Kudu jelas, naha pikeun  ngabéjaan, mangaruhan, ngabimbing, ngalaporkeun, ngahibur. Sajaba  ti éta urang ogé kudu ngarumuskeun kalawan jelas tujuan hususna,  di antarana perkara naon anu kudu kacanghing ku nu ngaregepkeun,  sarta tanggapanana sanggeus ngaregepkeun biantara.

(c) Milih jejer atawa poko pasualan

Sakapeung jejer téh sok geus ditangtukeun ku pihak panitia, atawa diluyukeun jeung acara anu lumangsung harita. Upamana, Ngamumulé Basa Sunda, Miéling Sumpah Pamuda, Nyanghareupan Bulan Suci Romadon, jeung sajabana

(d) Maluruh jalma anu bakal hadir

Saméméh urang biantara, urang kudu maluruh saha pijalmaeunana anu bakal datang, naha awéwé, lalaki, kolot, budak, pelajar, mahasiswa, tukang dagang, guru, jeung sajabana. Sanggeus nyaho saha nu bakal hadir, urang bisa nataharkeun pieusieun jeung pibasaeun anu dipakéna.

(e) Ngumpulkeun bahan

Bahan-bahan picaritaeun téh penting, sangkan urang lancar nyarita salila biantara. Ku kituna perlu dipaluruh bahan anu luyu jeung jejer anu rék ditepikeun dina biantara, upamana dina koran, majalah, buku, internét.

(f) Nuliskeun gurat badag picaritaeun

Maksudna saméméhna urang nuliskeun heula gurat badag atawa poin[1]poin penting anu rék dicaritakeun dina biantara.

(g) Ngadadarkeun eusi biantara.

Rangkay picaritaeun téh ditulis pedaranana, ti mimiti nuliskeun bagian bubuka, eusi, jeung bagian panutup nepi ka jadi naskah biantara anu lengkep. Upama urang rék biantara bisa milih métodena, naha éta naskah téh rék dibaca sagemblengna? Nu kitu disebut métode naskah. Beda deui lamun urang ukur nuliskeun gurat badagna sarta dibacana ukur sakali-kalieun, nu kitu make métode ékstémporan. Tapi lamun urang salila biantara teu nempo naskah lantaran ngapalkeun saméméhna, nu kitu disebut métode ngapalkeun. Sajaba ti éta, aya anu biantara henteu tatahar heula saméméhna, anu kitu maké métode impromptu atawa métode ngadadak. Tah, keur dina métode nu ahir ieu mah nu biantara téh kudu apal naon acara nu keur lumangsung.

(h) Latihan

Ngayakeun latihan téh gunana sangkan salila biantara henteu gugup. Latihan maca naskah gunana pikeun mikanyaho eusi nu rék ditepikeun, ngalatih randegan, kayaning titik jeung koma, luhur handap jeung bedas halonna sora, katut pasemon.

2) Struktur Biantara

Ari struktur biantara téh diwangun ku tilu bagian, nyaéta bubuka, eusi, jeung panutup. Geura tengetan péréléanana ieu di handap.

(a) Bagian bubuka, dimimitian ku nepikeun salam pamuka. Bisa ku assalamu’alaikum atawa ku salam kawilujengan. Aya ogé anu sok ditambahan ku sampurasun. Sanggeus éta, ditéma ku muji sukur ka Pangéran jeung nepikeun solawat ka Rosululloh. Da mun ngabandungan urang Barat biantara mah geuning sok sarwa singget. Ti dinya ditéma ku nepikeun panghormat ka hadirin anu ngaluuhan acara sarta ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus méré kasempetan ka dirina pikeun nepikeun biantara. Dina téks biantara di luhur gé aya bagian bubukana. Geura titénan pok-pokanana ieu di handap.

(b) Bagian eusi mah ngadadarkeun saniskara maksud nu biantara.

Contona, lamun biantara anu ditulis ku urang pikeun ditepikeun dina acara paturay-tineung kelas IX, eusina bisa ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola, ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur, atawa bisa ogé nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah.

(c) Bagian panutup biantara eusina nepikeun sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah. Tuluy ditéma ku ngahaturkeun nuhun ka hadirin anu geus saregep ngabandungan biantarana. Ti dinya nepikeun du’a jeung salam panutup.

Aturan anu didadarkeun di luhur téh runtuyanana bisa diilikan dina ieu bagan dihandap.

3) Nepikeun Biantara

Biantara mah sok dipatalikeun jeung seni nyarita. Naon sababna? Sabab, dina biantara sakapeung merlukeun gaya jeung omongan nu matak narik jalma réa nu ngabandunganana. Aya sawatara paktor anu ngalantarankeun biantara hiji jalma dipikaresep ku balaréa. Éta paktor téh urang sebut baé T-A-M-A-N, singgetan tina:

(a) Tatag nyaritana, hartina sajeroning biantara téh urang kudu nyarita kalawan lancar, henteu gugup, jelas, sarta henteu loba ngarandeg.

(b) Aktual témana: hartina matéri anu dipedar dina biantara luyu jeung kaayaan kiwari, bener-bener aya, atawa akur jeung situasi pajamanan ayeuna, lain téma-téma nu geus basi.

(c) Munel eusina, hartina, biantara nu ditepikeun ku urang téh eusina loba pulunganeunana, atawa loba mangpaatna.

(d) Alus basana, hartina basa nu dipaké ku urang dina biantara téh bener ceuk kaidah basa Sunda sarta ngandung mamanis basa, upamana kecap-kecap atawa kalimah-kalimahna pinilih, diselapan ku babasan jeung paribasa, atawa ku sisindiran. Komo deui mun diselapan ku kata[1]kata mutiara nu kungsi ditepikeun ku hiji tokoh.

(e) Ngandung wirahma, hartina dina biantara téh kudu merhatikeun lentong kalimah (intonasi), omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna.