Monday, February 22, 2021

PEDARAN ARTIKEL

 PEDARAN ARTIKEL

Artikel téh ngabogaan harti salaku hiji karangan faktual (nonfiksi) nu populér ngeunaan hiji masalah sacara lengkep, anu panjangna teu tangtu, pikeun dimuat dina média massa. Artikel kaasup kategori tulisan views (sawangan, nyaéta tulisan anu eusina sawangan, ideu, opini, kumaha nu nulis ngajén kana hiji masalah atawa kajadian.

Minangka karya populer, artikel téh hartina karya tulis lengkep dina média massa saperti surat kabar, majalah, tabloid, jeung sajabana nu bisa kacangkem ku balaréa. Aya ogé nu nyebutkeun, artikel nyaéta tulisan lepas nu eusina mangrupa opini hiji jalma anu ngajujut hiji masalah nu tangtu, sipatna aktual atawa kontrovérsial kalawan udagan pikeun méré nyaho (informatif) jeung ngayakinkeun (pérsuasif arguméntatif), atawa ngahibur halayak nu maca (rékréatif). Nu dimaksud lepas téh sabab saha waé bisa nulis artikel, kalawan topik anu bébas, saluyu jeung minat sarta widang kaahlian dirina masing-masing. Nu nulis artikel raket patalina jeung hiji ideu atawa gagasan ngeunaan pasualan jeung solusi anu hayang ditepikeun

ka halayak. Nulis artikel, biasana miboga udagan pikeun nawarkeun solusi pikeun ngungkulan masalah, ngadidik, ngahibur jeung mangaruhan nu maca.

 

a. Kalungguhan jeung Kagunaan Artikel

1. Penerjemah warta dina kalawarta

Pikeun kalawarta, tabloid, atawa majalah, artikel nu ditulis ku ahli dina widangna miboga fungsi minangka pangaping sakaligus minangka penerjemah jeung nu nganalisis warta. Artikel, miboga fungsi pikeun ngahijikeun fakta-fakta dina warta kana hiji wengkuan jéntré, tandes, sarta ngeunah dibacana.

 

2. Wahana diskusi geusan néangan solusi sarta prosés aktualisasi jeung éksisténsi diri.

a. Wahana diskusi jeung sosialisasi gagasan. Salaku masarakat intelék, nu nulis tangtu miboga kahariwang ngeunaan naon nu kabandungan, kabaca, katempo, nu kadéngé,

sajeroning pangalamanana. Tuluy manéhna ngajén sarta ngangtukeun sikep kana poko pasualanana. Salaku individu nu intelék manéhna miboga sikep ngeunaan hiji bebeneran, kajujuran, kaadilan, démokrasi, nanjeurkeun hukum, norma-norma sosial agama, atawa hal anu sifatna normatif ogé diaku sacara universal.

 

b. Sarana kontribusi pamikiran pikeun méré solusi kana hiji masalah. Pikeun nu nulis artikel, yén nulis pikeun média massa téh dirojong ku tékadna pikeun méré kontribusi pamikiran dina raraga néang solusi kana hiji hal anu karandapan ku masarakat atawa bangsa.

 c. Sarana aktualisasi sakaligus pikeun éksisténsi diri. Teu saeutik jalma sacara sadar nulis artikel konsumsi pérs téh minangka sarana aktualisasi sakaligus éksisténsi diri. Descrates miboga pamadegan cogito ergo sum ‘saya berpikir maka saya ada’. Ngan jalma nu daék mikir nu bisa némbongkeun ajén diri nu bakal diaku ku masarakat.


b. Ciri Artikel

Artikel nu ditulis pikeun kalawarta atawa majalah mibanda tujuh ciri, nyaéta:

1. Aya ngaran nu nulisna

Artikel nyaéta karya individual, hartina dina artikel ngaran nu nulis kudu dicantumkeun kalayan jelas. Pikeun artikel opini ngaran nu nulis biasana ditulis di luhur/di handapeun judul tulisan. Tapi lamun kategorina di luar opini contona artikel ‘ringan’ jeung artikel praktis ngaran nu nulis ditulis rada disumputkeun ku cara disimpen di ahir tulisan jeung ditempatkeun di jero kurung. 

2. Miboga gagasan nu aktual jeung atawa kontrovérsial

Artikel kudu miboga gagasan nu aktual, kontrovérsial, atawa duanana. Gagasan nu aktual hartina sifatna anyar, can loba ditulis jeung diobrolkeun, hiji hal nu aya di luar batas atawa nu ilahar.

3. Gagasan nu diangkat dina tulisan kudu patali jeung kapentingan jalma réa.

Artikel nu ditulis kudu méré mangpaat ka jalma réa luyu jeung kaayaan pasar média massa nu midangkeun éta artikel.

4. Ditulis kalayan référénsial ku visi nu inteléktual.

Artikel nyaéta hiji karya nonfiksi, hartina béda jeung novél atawa carpon nu mangrupa hiji prosés imajinasi kréatif nu nulis. Artikel mangrupa hiji prosés kréatif inteléktual. Minangka karya inteléktual artikel kudu dirojong ku bacaan, pangaweruh, jeung tiori nu relevan anu biasana aya dina kalawarta, majalah, jurnal, hasil-hasil panalungtikan, skripsi, buku, atawa internét.

5. Dipidangkeun dina basa nu hirup, populér, jeung komunikatif

Artikel kudu maké basa jurnalistik. Basa jurnalistik hartina basa nu ilahar dipaké dina pérs, kalawarta, majalah, bulétin, jeung tabloid. Basa jurnalistik ciri utamana nyaéta basajan, jéntré, singget, ngirut, babari ditarima, babari diinget, kaharti jeung dipikaharti ku jalma réa maksud jeung arahna (komunikatif).

6. Singget jeung tuntas

Singget sacara filosofis hartina sacara langsung, pikiran nu maca teu diulinkeun, nepi ka hésé nyurahanana. Singget sacara téknis hartina diluyukeun jeung kavling atawa rohangan nu disadiakeun anu unggal kalawarta rélatif béda. Tuntas hartina henteu nyambung kana édisi nu satuluyna, artikel nu dipidangkeun dina kalawarta édisi ayeuna kudu bérés dina saharitaeun. Aya ogé anu dimuat sacara bersambung nepi dua atawa tilu édisi, tapi frékuénsi jeung préséntasena kawilang jarang.

7. Orisinal

Artikel anu ditulis asli mangrupa karya sorangan lain hasil plagiat atawa mindahkeun tulisan batur diaku karya sorangan. Pikeun nyingkahan éta hal nu nulis kudu ngawasa sakaligus ngamalkeun étika penulisan. Kadua artikel nu ditulis sarta dikirimkeun ka kalawarta atawa majalah kudu anu aslina lain meunang motokopi atawa salinanana.


c. Struktur Karangan Populer

Bubuka

• Kasang tukang

• Oriéntasi masalah

• Gambaran umum

Dadaran

• Nepikeun data-data atawa fakta

• Nepikeun argumen atawa opini

• Ngadéskripsikeun masalah jeung cara ngaréngsékeunana

Panutup

• Saran

• Kacindekan

• Harepan

 

d. Aspek Kabahasaan

Basa anu digunakeun dina artikel béda jeung basa anu digunakeun dina sajak atawa carpon (karangan fiksi). Basa nu digunakeun dina karya fiksi biasana direumbeuy ku mamanis basa dina wangun métafora, babasan, jeung paribasa. Tapi, teu nutup kamungkinan babasan jeung paribasa ogé sawaktu-waktu digunakeun dina nulis artikel. Saperti anu kapanggih dina artikel di luhur, contona:

a) Jati kasilih ku junti= pribumi kaéléhkeun ku urang deungeun-deungeun (urang asing)

b) Cueut ka nu hideung ponténg ka nu konéng= henteu adil atawa beurat sabeulah.


    Sumber : BASA SUNDA URANG

KELAS XII

43 comments:

  1. Ketik dina kolom koméntar dumasar kana link di luhur, teu kénging hilap paparin *idéntitas nami sareng kelas* :
    Wasta: Andini Yanuarizkianti
    Kelas: XII OTKP
    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?
    Jawab
    1. Teks artikel "hade ku omong goreng ku omong" miboga 14 pada/paragrap
    2.-bubuka:pada 1-2
    -pedaran:pada 3-12
    -panutup:pada 13-14

    ReplyDelete
  2. Wasta:Nisa Rahmawati
    Kelas: 12 OTKP

    ReplyDelete
  3. Wasta: Nurbani Aeni
    Kelas: XII-Otkp
    Jawaban
    1. Teks artikel di luhur nu hade ku omong goreng ku omong nyaeta miboga 14 paragrap
    2. -bubuka (aya dina paragrap 1-2)
    -pedaran (aya dina paragrap 3-12)
    -panutup (aya dina paragrap 13-14)

    ReplyDelete
  4. Azizah Nadawiyah
    1. "hade ku omongan goreng ku omongan" miboga 14 paragraf
    2. Bubuka 1-2
    pedaran 3-12
    panutup 13-14

    ReplyDelete
  5. Ketik dina kolom koméntar dumasar kana link di luhur, teu kénging hilap paparin:
    Nama:Rosi Rosmawati kelas:12Multimedia.

    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    Jawaban:14 paragrap

    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?

    Jawaban:
    •Bubuka:
    Rek alus Rek goreng,omongkeun bae.maksudna,kudu balaka,ulah disumput-salindungkeun,Alusmah geus puguh deui, kududicaritakeun.cacak lamun goreng ge,teu kudu sungkan-sungkan nyaritakeun lebah mana gorengna.
    •Pedaran:
    Kitu ayena mah paribasa hade ku omong goreng ku omong teh disurahanana.kudu bruk-brak,anu cek legeg na mah:kudu transparan. Ulah ditutup-tutup,sangkan anu sejen arapaleun. Baik atau buruk, katakan saja. Kitu meren mun cek dinu indonesia mah.
    Kitu cek ayena.Tapi,kumaha ceuk bareto? Tetela harti eta paribasa teh robah, da ari asalna mah teu kitu.Hade ku omong ku goreng ku omong, maksudna:Alus jeung gorengna jelema teh gumantung kana omonganana.Jalma nu alus omonganana, bakal menang pangajen hade. Sabalikna, nu goreng omonganana, bakal diajen goreng. Cindeukna, alus jeung goreng jalma teh diukur dina omonganana. Nu dimaksud hade atawa goreng didieu bisa tujul kanu eusi atawa substansi omonganana,bisa deui kana tatacara atawa kana etikana.dsb
    •Panutup:
    Anu kitu mah,paribasa"hade ku omong goreng ku omong"teh geus teu luyu jeung kanyataan kiwari.mun kitu, naon atuh anu ayeuna bisa dipake ukuran hadena jalma? Tah, mun ieu mah kudu beda deui dongengna. Sapuk?

    ReplyDelete
    Replies
    1. Nama : Dea Melani
      Kelas : XII OTKP
      1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
      2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?
      Jawaban:
      1. Teks artikel "hade ku omong goreng ku omong" miboga 14 pada.
      2.
      1). Bubuka:pada 1-2
      2). Pedaran:pada 3-12
      3). Panutup:pada 13-14

      Delete
  6. Wasta : Nina awaliyah
    Kelas : XII MM
    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ? Aya 14 pada
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?
    a. Bubuka : pada 1-2
    b. Pedaran: pada 3-15
    c. Panutup: pada 13 - 14

    ReplyDelete
  7. Wasta : Siti Rahayu
    Kelas : XII MM
    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    Jawab: Aya 14 pada
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?
    Jawab
    2.-bubuka:pada 1-2
    -pedaran:pada 3-12
    -panutup:pada 13-14

    ReplyDelete
  8. Nama : Risma Wulan Ramadhan
    Kelas : XII MM
    1. Teks diluhur miboga 14 pada
    2. Bubuka = 1-2
    Pedaran = 3-12
    Panutup = 13-14

    ReplyDelete
  9. Nama: Yulia Citra
    Kelas: 12otkp
    1. Teks diluhur miboga 14 pada
    2 bubuka=1-2
    Pedaran=3-12
    Panutup=13-14

    ReplyDelete
  10. Nama: Yulia Citra
    Kelas: 12otkp
    1. Teks diluhur miboga 14 pada
    2 bubuka=1-2
    Pedaran=3-12
    Panutup=13-14

    ReplyDelete
  11. Wasta:Zulia Pazira
    Kelas:XII ips 3
    1.teks artikel"Hade ku omong goreng ku omong"miboga 14 pada
    2.bubuka= 1-2
    pedaran= 3-12
    Panutup= 13-14

    ReplyDelete
  12. Wasta : EKA CAHYANI
    Kelas : XII IPS 3
    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana
    bubuka/pedaran/panutup ?
    Jawab:
    1.Aya 14 pada
    2.a. Bubuka : pada 1-2
    b. Pedaran: pada 3-15
    c. Panutup: pada 13-14

    ReplyDelete
  13. Wasta : Nita Aulia
    Kelas : XII IPS 3
    1. Teks artikel diluhur miboga 14 paragraf
    2. Bubuka : 1-3
    Pedaran : 4-13
    Panutup : 14

    ReplyDelete
  14. Wasta:Sumiati
    Kelas:XII IPS 3
    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?
    Jawaban
    1) dina teks artikel "hade ku omong goreng ku omong" teh aya 14 pada
    2) bubuka:pada 1-2
    Pedaran:pada 3-12
    Panutup:pada 13-14

    ReplyDelete
  15. Wasta : Alis Rahmawati
    Kelas :XII IPS 3
    1. Dina teks diluhur aya 14 pada
    2. -) bubuka : 1-3
    -) pedaran : 4-13
    -) panutup : 14

    ReplyDelete
  16. wasta: Sri serdiana
    Kelas: 12 ips 3
    1.jumlah pada anu aya dina teks diluhur nyaeta 14 pada
    2.bubuka:1-3
    Pedaran:4-13
    panutup:14

    ReplyDelete
  17. Wasta : Erik setiawan
    Kelas : 12 IPS 3
    JAWABAN
    1.Bubuka 1-3
    2.jumlah pada anu aya dina teks diluhur nyaeta 14 pada
    3.pedaran 4-13
    Panutup 14

    ReplyDelete
  18. Wasta :Fauzi Dwi Gusnaldi
    Kelas :XII IPS 2
    1.jumlah pada anu aya dina teks diluhur nyaeta 14 pada
    2.bubuka 1-3
    Pedaran 4-13
    Panutup14

    ReplyDelete
  19. Wasta:Ilham ramadhan f
    Kelas:XII IPS 2
    1).Dina teks artikel "hade ku omong goreng ku omong"aya 14 pada
    2).-Bubuka:1-3
    -Pedaran:4-12
    -Panutup:13-14

    ReplyDelete
  20. Wasta : HARTINI SUKMA DEWI
    Kelas : 12 IPS 2
    Waleran : 1. Aya 14 pada
    2. - Bubuka : pada 1-3
    - pendaran : pada 4-12
    - panutup : pada 12-14

    ReplyDelete
  21. Wasta :Asep wildan
    Kelas :XII- IPS 2

    1.Jumlah pada nu Aya di luhurnya eta ngenaan 14 pada.
    2.Bubuka 1-3
    Pedaran 4-13
    Panutup 14

    ReplyDelete
  22. Nama : Hestri Sumiati
    Kelas : XII-IPS 2
    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    Jawab : aya 14 pada
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?
    Bubuka : 1-3
    Pedaran : 4-12
    Panutup : 13-14

    ReplyDelete
  23. Nama : Rahmanisa
    Kelas :XII IPS 2
    1.14 Pada
    2.Bubuka:1-3
    Pedaran:4-12
    Penutup:13-14

    ReplyDelete
  24. Wasta: Ade Risma
    Kelas: XII IPS 4
    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    Jawaban:
    Teks artikel "hade ku omong goreng ku omong" miboga 14 pada/paragrap.
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?
    Jawaban:
    -bubuka: pada 1 - 2
    -pedaran: pada 3 -12
    -panutup: pada 13 -14

    ReplyDelete
  25. Wasta : Tia Indriani
    Kelas : XII IPS 4
    waleran
    1. Teks artikel hade ku omong goreng ku omong ngagaduhan 14 pada anatapi paragrap
    2. Pada anu kalebet kana bubuka/pedaran/panutup
    - Bubuka : 1-3
    - Pedaran : 4-12
    - Panutup : pada 13-14

    ReplyDelete
  26. Wasta : Wardah Triputri
    Kelas : XII IPS4

    Bubuka pada 1-2
    Pedaran pada 3-12
    Panutup pada 13=14

    ReplyDelete
  27. Wasta : Daris Abdul Aziz
    Kelas : XII-IPS4
    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?
    JAWABAN:
    1.14 pada
    2.-bubuka : pada 1-3
    -pedaran : pada 4-12
    -pantutup : pada 13-14

    ReplyDelete
  28. Wasta:Pramesti sanggi
    Kelas:XII-IPS4
    Ketik dina kolom koméntar dumasar kana link di luhur, teu kénging hilap paparin *idéntitas nami sareng kelas* :
    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    Jawab:Aya 14 pada/paragraf
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?
    Jawab:
    Nu ka asup bubuka:Paragraf 1-3
    Nu ka asup pedaran:Paragraf 4-13
    Nu ka asup panutup:Paragraf 14

    ReplyDelete
  29. Wasta:Pramesti sanggi
    Kelas:XII-IPS4
    Ketik dina kolom koméntar dumasar kana link di luhur, teu kénging hilap paparin *idéntitas nami sareng kelas* :
    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    Jawab:Aya 14 pada/paragraf
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?
    Jawab:
    Nu ka asup bubuka:Paragraf 1-3
    Nu ka asup pedaran:Paragraf 4-12
    Nu ka asup panutup:Paragraf 13- 14

    ReplyDelete
  30. Wasta: Siti zaenab
    Kelas : XII IPS I
    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?
    JAWABAN:
    1.14 pada
    2.-bubuka : pada 1-3
    -pedaran : pada 4-12
    -pantutup : pada 13-14

    ReplyDelete
  31. Wasta : Asti Nurfauziah
    Kelas : XII IPS 1
    Ketik dina kolom koméntar dumasar kana link di luhur, teu kénging hilap paparin *idéntitas nami sareng kelas* :
    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    JAWAB :
    Aya 14 Pada/Paragraf
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?
    -Bubuka : Paragraf 1-2
    -Pedaran : Paragraf 3-12
    -Panutup : Paragraf 13-14

    ReplyDelete
  32. Wasta : Risma Handayani
    Kelas : xll IPS 1
    Ketik dina kolom koméntar dumasar kana link di luhur, teu kénging hilap paparin *idéntitas nami sareng kelas* :
    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    Jawaban? Aya 14 pad/paragraf
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?
    Bubuka : paragraf 1-3
    Pedaran: paragraf 4-12
    Panutup: paragraf 13-14

    ReplyDelete
  33. Wasta:Ende aisah
    Kelas:XII ips 1

    Ketik dina kolom koméntar dumasar kana link di luhur, teu kénging hilap paparin *idéntitas nami sareng kelas* :
    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?

    Jawaban:
    1.Aya 14 paragraf
    2.Bubuka:1-3
    Pedaran:4-12
    Panutup:13-14

    ReplyDelete
  34. Wasta : Indri Novia Rahmawati
    Kelas : XII IPS 1

    1. Pada atawa paragraf nu aya dina artiel "hade ku omong goreng ku omong" teh aya 14 pada atawa 14 paragraf.
    2. Bubuka : pada ka 1-2
    Pedaran : pada ka 3-12
    Panutup : pada ka 13-14

    ReplyDelete
  35. Ketik dina kolom koméntar dumasar kana link di luhur, teu kénging hilap paparin *idéntitas nami sareng kelas* :
    Wasta : Ai Siti Fatimah
    Kelas : 12 IPS 1

    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    Waleran : 14 paragraf
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?
    Waleran :
    Bubuka : paragraf ka 1-3
    Pedaran : paragraf ka 4-12
    Panutup : paragraf ka 13-14

    ReplyDelete
  36. Wasta : rahma nisvi alfani
    Kelas : XII ips 1
    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?
    Jawaban
    1.Aya 14 pada
    2.bubuka : 1-3
    .pedaran: 4-12
    .panutup:13 - 14

    ReplyDelete
  37. Wastafel: Dayari sa
    Kelas : XII IPS 1
    1 Aya sabaraha pada/ paragraf teks artikel ""Hade ku omongan goreng ku omong?
    2 pada sabahara NU kaasup Kana bubuka/pendaran/penutup?
    JAWABAN
    1. 14 pada
    2.- bubuka pada 1-3
    Pedaran: pada 4-12
    Penutup : pada 13-14

    ReplyDelete
  38. Wasta : Firda Nurul Fauziah
    Kelas : XII-IPS4

    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    Waleran :
    Aya 14 pada

    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?
    Waleran :
    - Bubuka : pada ka 1 jeung 2
    - Pedaran : pada ka 3 dugi 12
    - Penutup : pada ka 13 jeung 14

    ReplyDelete
  39. wasta : Fitrisafitri i
    kelas : XII MM
    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?

    waleranna:

    1. *Aya 14 pada*
    2. Bubuka :1-2
    Pedaran : 3-12
    Penutup: 13-14

    ReplyDelete
  40. This comment has been removed by the author.

    ReplyDelete

  41. Wasta : Suryani
    Kelas : Xll Multimedia

    1. Aya sabaraha pada/paragrap téks artikel "hadé ku omong goréng ku omong ?
    2. Pada sabaraha nu kaasup kana bubuka/pedaran/panutup ?

    Jawaban:
    1. Aya 14 pada
    2.•Bubuka :pada 1-2
    •Pedaran :pada 3-12
    •Panutup :pada 13-14


    ReplyDelete