SMAN 16 Garut
Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut
SMAN 16 Garut
Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut
SMAN 16 Garut
Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut
SMAN 16 Garut
Jalan Raya Cidatar No 810 A Desa Cidatar Kecamatan Cisurupan - Kab. Garut
Sunday, October 18, 2020
Friday, October 16, 2020
Pengumuman Nilai SMA Negeri 16 Garut
SMA NEGERI 16 GARUT
Kelas XI
1. Rekap Nilai Harian Kelas XI SMAN 16 Garut
2. Rekap Absen Kelas XI SMAN 16 Garut
Kelas XII
Link Ulangan Harian SMA Negeri 16 Garut
KELAS XI
Link Ulangan Harian Kelas XI MIPA
1. Ulangan Harian 1 (Biantara)
2. Ulangan Harian 2 (Sisindiran)
3. Ulangan Harian 3 (Carita Pondok)
Link Ulangan Harian Kelas XI IPS
1. Ulangan Harian 1 (Biantara)
2. Ulangan Harian 2 (Sisindiran)
3. Ulangan Harian 3 (Carita Pondok)
Cek Nilai Hasil Ulangan Harian
KELAS XII
Link Ulangan Harian Kelas XII
2. Ulangan Harian 2 (Carita Wayang)
Cek Nilai Hasil Ulangan Harian
LK 6 Analisis Unsur Intrinsik Carita Pantun (Kelas XII)
Pancen 1 !
ANALISIS UNSUR CARITA PANTUN
Wasta :
Kelas :
Tanggal pancen :
1. Baca ringkesan carita pantun nu
judulna munding laya di kusumah jeung ciung wanara ieu di handap !
2. Analisis unsur intrinsikna kalayan taliti
!
Mundinglaya Dikusumah
Prabu Silihwangi
ngagaduhan dua urang garwa nyaéta Nyimas Tejamantri sarta Nyimas Padmawati anu
jadi permaisuri. Ti Nyimas Tejamantri, Prabu Silihwangi ngengingkeun saurang
putra nyaéta Guru Gantangan. Sedengkeun ti permaisuri Nyimas Padmawati, raja
ngenginkeun putra anu diwastaan Mundinglaya. Béda umur antara Guru Gantangan
jeung Mundinglaya pohara jauhna. Waktu Guru Gantangan ditunjuk jadi bupati di
Kutabarang sarta geus lakirabi, Mundinglaya masih kénéh budak leutik.
Alatan henteu miboga
anak, Guru Gantangan miara anak kukut anu dibéré ngaran Sunten Jaya. Guru
Gantangan ogé hayang ngurus jeung ngagedekeun Mundinglaya minangka anakna.
Waktu Guru Gantangan ménta Mundinglaya ti prameswari Nyimas Padmawati,
prameswari maparin putrana sabab uninga yén Guru Gantangan pohara mikanyaahna
ka Mundinglaya.
Mangkat rumaja
katangen pisan kategepan Mundinglaya. Katambih ku pasipatanana anu sae budi.
Tebih pisan bentenna sareng Suntenjaya anu sipatna awon pisan. Kumargi Nyi Mas
Ratna Inten nyaah pisan ka Mundinglaya, Suntenjaya janten sirik pisan ka
Munding Laya. Guru Gantangan ogé jenten timburu, gaduh sangki anu awon sareng
ngaraos disapirakeun ku bojona. Pon kitu Suntenjaya asa kasilihkeun. nyaéta
pisan anu ngarobih kanyaahna Guru Gantangan ka Mundinglaya janten kaceuceub anu
ahirna Mundinglaya dikerem di pangberokan Kutabarang, ku margi dianggap
ngalakukeun lampah nirca, sanaos harita Mundinglaya the masih kacida rumajana.
Di Pajajaran, puseur
karajaan Sunda, harita téh nuju meujeuhna angkeub, halodo entak-entakan sareng
loba jalmi nu kaserang kasawat. Katambih tumuwuhna pacengkadan di lingkungan
kulawarga karaton sabadana Mundinglaya diberok.
Dina hiji waktos Nyi
Mas Padmawati ngimpen ningali Layang Salaka Domas nu aya di Jabaning Langit
kalayan dijaga ku Guriang Tujuh. Dina impenannana, aya wartos wirehna sing saha
anu tiasa ngengingkeun éta layang, baris kenging kahormatan, kabagjaan,
katengtreman, karaharjaan sareng kasalametan kanggo nagara miwah rahayatna. éta
impenan dicarioskeun ka Prabu silihwangi. Prabu Silihwangi hemeng galihna
henteu percanten bakal aya jalmi anu sanggem angkat ka Jabaning Langit bari
nyandak Layang Salaka Domas tina kakawasaan Guriang Tujuh; asa pamohalan pisan.
Antukna Prabu
Silihwangi ngayakeun gempungan di pasewakan kangggo nangtoskeun saha anu
sanggem ka Jabaning Langit. Pasewakan diluuhan ku rahayat Pajajaran, Nyi Mas
Tejamantri, Guru Gantangan sareng putrana, Suntenjaya. Tapi heneuweuh saurang
ogé anu nembongkeun kasayagianana. Ki lengser, ngusulkeun supados Mundinglaya
anu aya di pangberokan Kutabarang ogé ditaros.
Sanaos usulan ki
Lengser henteu disatujuan ku Suntenjaya sareng Guru Gantangan, nu ngariung
rempug satuju kana usul ki Lengser. Mundinglaya diusulkeun supados enggal
dibébaskeun. Patih Gelap Nyawang sareng Kidang Pananjung nyuhunkeun idin ka
Guru Gantangan supados ngaluarkeun Mundinglaya tina pangberokan.
Saparantosna
ngalakonan sadaya panalek ti balaréa, Mundinglaya kalawan henteu ngawagu
langsung baé nampi sagala pancen ti ramana, Prabu Siliwangi. Patih Gelap
Nyawang jeung Kidang Pananjung gasik tatahar kanggo miangkeun Mundinglaya ka
Jabaning Langit.
Sababaraha dinten
Mundinglaya dilatihan perang sareng rupi-rupi elmu gelut sinareng ngagunakeun
rupi-rupi pakarang kanggo mayunan sagala hahalang dina lalampahanana. ogé
henteu kakantun Mundinglaya diancrubkeun kana Leuwi Sipatahunan supados bérésih
jiwana.
Dina dinten anu tos
ditangtoskeun Mundinglaya angkat, kalawan pangesto ti ibu sareng ramana,
diiring ku Gelap Nyawang sareng Kidang Pananjung, ogé ti sakumna rahayat
Pajajaran.
Kumargi Mundinglaya
henteu kungsi aangkatan ka luar Pajajaran, anjeunna henteu terang jalan.
Sumerah ka nu Maha Kawasa, Mundinglaya angkat ngalangkungan leuweung geledegan
kanggo ngajugjug Jabaning Langit. Dina lalampahan ka Jabaning Langit,
Mundinglaya ngalangkung ka karajaan bawahan / karajaan alit nyaéta karajaan
Muarabérés atanapi nagri Tanjung Barat (nua aya di Pasar Minggu Jaksel kiwari).
Di éta nagri, Mundinglaya papendak sareng Dewi Asri. Dewi Asri anu dikenal ogé minangka
Dewi Kania atanapi Dewi Kinawati téh putrina Mental Buana incuna Munding
Kawati. Mundinglaya sareng Dewi Asri kedal pasini jangji bade patepang deui
saparantos Mundinglaya rengse mancen tugas ti ingkang rama.
Salajengna Mundinglaya
dijajap ku Patih Gelap Nyawang sareng Patih Kidang Pananjung ogé teuteup Dewi
Asri. Patih Gelap Nyawang jeung Patih Kidang Pananjung gura-giru nyayagikeun
parahu kanggo Mundinglaya ngajugjug Atas Angin. Dugi ka Pulo Putri. Patih
Kidang Pananjung sareng Patih Gelap Nyawang dipiwarang nungguan Mundinglaya
dugi ka rengsena ngemban pancen nyangking Layang Salaka Domas.
Lalakon lalampahan
Mundinglaya salajengna sihoreng sanes nyorang jalan ngabulungbung anu caang
padang narawangan, malihan jalan anu rembet, rumpil sareng loba cucuk rungga
sareng rangrangna anu ngahalang-halang kana lajuna lalampahan Mundinglaya.
Namung sanaos kitu anjeunna henteu unggut kalinduan. Tekadna buleud disarengan
ku kasadaran wireh anjeunna baris nyorang sagala hahalang.
Dina lalampahan
anjeunna pendak sareng raksesa Jonggrang Kalapitung anu ngahalangan jalanna.
Numung éta raksesa tiasa diayonan ku Munding Laya.
Rengse ngayonan
Jonggrang Kalapitung, Mundinglaya reureuh heula. Ngumpulkeun deui lelembutanana
anu kabengbat ku urusan gelut. Mundinglaya nyangsaya kana tangkal katapang
nyawang pilampaheun anu natrat na angen-angenna. Manahna manteng ka Nu Maha
Agung sangkan laksana panedana. Sukmana kumalayang ngambah awang-awang.
Kalawan dijajap ku
Jonggrang Kalapitung, Mundinglaya naek ka langit kahiji, kadua, katilu, sareng
saterasna dipungkas dugi ka langit anu katujuh. Di langit ka tujuh Mundinglaya
paamprok sareng Guriang Tujuh anu ngajaga layang salaka domas. Mundinglaya
nyarioskeun maksadna wireh anjeunna peryogi layang salaka domas kanggo nagarana
anu nuju nyorang katunggaraan, pacengkadan, kasawat sareng hahalodoan. Namung
éta layang henteu dipasihkeun ku Guriang Tujuh.
Mundinglaya mesat
keris. Namung dumadakan aya gelap ngabaranyay disarengan sora ngajegur matak
katorekan. Mundinglaya tipental, ragrag ka langit kagenep ngalempreh teu
empes-empes.
Di kahiyangan, para
pohaci pating lalengis maridangdam. Utamina pohaci Wirumananggay anu kacida
prihatinna ningali Mundinglaya ngalungsar ngababatang. Mundinglaya disangkeh
terus disenderkeun dina lahunan, lalaunan embun-embunanana ditiup bari
diparancahan.
Saparantos Mundinglaya
hirup deui, Nyi Pohaci mamagahan anjeunna supados henteu ngalawan ku cara anu
heuras malih kedah ngalawan ku kasabaran, nurutkeun kumaha kahayangna.
Mundinglaya naek deui ka langit katujuh. Pendak deui sareng Guriang Tujuh.
Guriang Tujuh ngawitan ngaharegaan kana karep Mundinglaya anu gaduh tekad bade
ngadamel kasaéan. Layang Salaka Domas dipaparin ka Mundinglaya.
Di Kutabarang,
Suntenjaya sasat jigrah saangkatna Mundinglaya ka Jabaning Langit. Asa mobok
manggih gorowong, aya jalan komo meuntas. Meungpeung Mundinglaya nuju suwung di
nagara, Suntenjaya bade maranan Dewi Asri kanggo diolo supados kersaeun
dijantenkeun bojona. Sunten Jaya mapeg wadia balad miang ke Muarabérés.
Dina waktos anu
harengheng, Mundinglaya dugi ka Pajajaran teras ka Muarabérés. Sunten Jaya
kasoran mundur ti Muarabérés. Salajengna Prabu Silihwangi ngangkat Mundinglaya
janten raja di Pajajaran kalayan gelar Mundinglaya Dikusumah. Henteu lami ti
harita Mundinglaya ngajodo sareng Dewi Asri. Pajajaran janten aman deui sareng
subur makmur.
Pancén 1 !
Tangtukeun Unsur intrinsik (Tokoh,
Latar jeung galur ) tina ringkesan carita pantun Mundinglaya Dikusumah !
Pancen 2 !
Wasta :
Kelas :
Tanggal pancen :
1. Baca ringkesan carita pantun nu
judulna Ciung Wanara di kusumah jeung ciung wanara ieu di handap !
2. Analisis unsur intrinsikna kalayan
taliti !
Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita
téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji
Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur
kakandungan.
Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna
lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi
Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki
deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi
Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana
kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan
Citanduy.
Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi
Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran
dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum
dibawa ku Léngsér, tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung
anu jauh ti dayeuh Galuh.
Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan
lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang
tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho
yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu
dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.
Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan.
Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu
alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki
éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna.
Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta
ngaran, tuluy baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wanara. Aki jeung Nini
Balangantrang satuju.
Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih
tanding. Ari endogna téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka
megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.
Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini
Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago
téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih
Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu
hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih
éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara
ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.
Ari Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton.
Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké tandon.
Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun
hayam raja nu éléh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris
dijenengkeun raja tur diaku anak.
Gapruk baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara
téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian
nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung
Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam
Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna.
Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah
kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari
nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.
Ku kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung
indungna nya éta Déwi Naganingrum. Lila-lila réka perdaya Déwi Pangrenyep téh
kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi Pangrenyep téh ditangkep sarta
dipanjarakeun dina panjara beusi.
Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus
dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina.
Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga
dibalangkeun ka wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian
téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking
ku Hariang Banga.
Pancén 2 !
Tangtukeun Unsur intrinsik (Tema
jeung Amanat) tina ringkesan carita pantun Ciung Wanara !
LK 5 Analisis Struktur Carita Pantun (Kelas XII)
ANALISIS STRUKTUR CARITA PANTUN
Wasta :
Kelas :
Tanggal pancen :
Pituduh :
1. Titenan conto carita pantun dina
link ieu https://youtu.be/vYTKnLUT5ps
2. Analisis strukturna kalayan taliti !
Jawaban :
Kekecapan Rajah Pamuka
|
Kekecapan Narasi
|
Kekecapan Deskripsi
|
Kekecapan Narasi
|
Kekecapan Dialog
|
Kekecapan Monolog
|
LK 4 Ngarobah Carita Wayang Kana Wangun Drama (Kelas XII)
LEMBAR
KERJA SISWA
Wasta :
Kelas :
Pancén !
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
...........................................................................................................................................................
LK 3 Analisis Carita Wayang (Kelas XII)
Baca carita wayang ieu di handap !
Ramayana
Kacarioskeun Rama anu nuju mileuweungan, disarengan ku istrina, Déwi Sinta,
sareng raina, Lasmana. Di hiji leuweung, Déwi Sinta kapincut ku hiji kijang
(Kidang Kancana). Padahal éta téh kijang kajajadén, supados Rama sareng Lasmana
bongoh. Kijang téh siga anu lindeuk, tapi barang badé ditéwak ngejat. Kitu
jeung kitu baé, dugi ka Rama téh tebih ti Déwi Sinta. Teu lami, kakuping ku
Déwi Sinta sareng Lasmana nu tulung-tulungan sapertos sora Rama. Kawitna Lasmana
henteu ngandel kana éta sora téh, margi anjeunna percanten kana kasaktén
rakana. Namung Déwi Sinta maksa supados Lasmana milari éta sora, nepi ka kedal
kekecapan anu nyentug kana manah Lasmana. Bari nalangsa, Lasmana milari éta
sora, ngantunkeun Déwi Sinta sorangan.
Teu lami, torojol aki-aki kundang iteuk maké pakéan
pandita, nyampeurkeun ka Déwi Sinta. Déwi Sinta diolo supaya kaluar tina kalang
buleud nu tos diparancahan ku Lasmana. Déwi Sinta kagoda. Kaluar tina kalang.
Dadak sakala aki-aki téh robah wujud jadi Rahwana, raja murka ti Aléngka. Déwi
Sinta diiwat tuluy dibawa ngapung ku Prabu Rahwana. Déwi Sinta tulung-tulungan,
kadéngéeun ku Jatayu, manuk galudra sobat Prabu Dréstarata. Prabu Rahwana
diperangan, tapi Jatayu éléh jajatén.
Kacarioskeun Rama anu nuju ngungudag kidang kancana
téa. Teras baé mulih ka tempat asal tadi. Kacida kagétna waktos uninga, Déwi
Sinta tos teu aya. Teu lami sumping Lasmana. Sami kagét sareng rakana. Rama
mariksa ka Lasmana ngeunaan Déwi Sinta. Ku Lasmana dicarioskeun satarabasna,
pangna anjeunna ninggalkeun Déwi Sinta. Teg baé atuh, duanana curiga yén Déwi
Sinta téh aya nu nyandak kabur. Teras baé neraskeun lalampahanana, milariaan
Déwi Sinta téa.
Di satengahing perjalanan, tepang sareng Jatayu, anu
tatu parna urut gelut jeung Rahwana téa. Ti Jatayu kenging raratan, henteu
lepat, Déwi Sinta téh aya nu ngiwat. Ari nu ngiwatna Prabu Rahwana ti
Aléngkadirja. Saparantos ngawartosan Rama, hos baé Jatayu téh rubuh sapisan.
Ti dinya Rama sareng Lasmana neraskeun lalampahanana.
Tepang sareng Sugriwa, raja wanara, anu karajaanana dijabel ku Subali. Rama
ngabantosan Sugriwa ngarebut deui karajaanana. Saluyu jeung jangji tadi,
Sugriwa katut balatentara monyétna, ngabantuan Rama ngarurug Aléngka sarta
ngarebut Déwi Sinta. Balatentara monyét dipingpin ku parasenapati ahli perang, di antarana
Anoman, Anggada, Anila, jeung Kapi Jembawan.
Rama katut pasukanana ngababakan di wewengkon anu
paeunteung-eunteung jeung Nagara Aléngka, kahalangan ku laut. Ti dinya Anoman
diutus pikeun mubus ka Aléngka, sakalian ngalongok kaayaan Déwi Sinta. Minangka
tandana utusan, Anoman mawa cingcin Rama.
Kalayan rerencepan, Anoman bisa asup ka Aléngkadirja.
Bisa nepungan Déwi Sinta. Anoman némbongkeun cingcin Rama ka Déwi Sinta, ari
Déwi Sinta ngintunkeun serat ka Rama. Ti dinya Anoman ngaburak-barik Karaton
Aléngka. Nénjo kitu, Anoman dikepung wakul buaya mangap. Taya nu bisa néwak
Anoman. Antukna beunang kajiret ku pakarang Indrajit, salasaurang anak Rahwana.
Anoman dibanda sarta terus dibawa ka alunalun. Di dinya Anoman diduruk. Tapi
Anoman teu busik bulu salambar. Malah bisa leupas tina borogod. Buntutna dipaké
sumbu hurung ngabebela, terus luluncatan dina suhunan Karaton Aléngka. Karaton
Aléngka kahuruan. Ari Anoman biur ngapung balik deui ka tempatna mangkalan.
Terus nepungan Rama, nyaritakeun sagala rupa lalampahanana katut kaayaan Déwi
Sinta di Aléngkadirja. Kitu deui surat ti Déwi Sinta dipasrahkeun ka Rama.
Pikeun ngarurug Aléngka, Rama jeung balad-baladna
kudu nyieun bendungan pikeun meuntasna. Kalawan dibantuan ku nu ngawasa sagara,
éta bendungan téh jadi. Aléngka dirurug sarta balad Rama unggul. Rahwana
perlaya dipanah ku Rama. Nagara Aléngka dipasrahkeun ka Wibisana, adi Rahwana
anu biluk ka Rama.
Rama, Sinta, katut Lasmana marulih deui ka Ayodya.
Barata masrahkeun deui karajaan ka nu kagungan hakna nyaéta Rama.
LEMBAR
KERJA SISWA
Wasta :
Kelas :
Pancén 1 !
Pikeun maham eusi carita wayang di luhur, tangtu kudu apal jeung ngarti
kana kekecapanana. Pék cirian kekecapan anu hidep teu ngarti, susun jadi
glosarium dina buku catetan, sarta téangan hartina dina kamus. Di handap aya
contona. Satuluyna pek teruskeun ku hidep!
1. gondéwa
= alat tina kai at. awi paranti mentang jamparing
2. ...
3. Jst
Pancén 2 !
Analisis Unsur intrinsik nu kapanggih
tina carita wayang di luhur !
1. Tema :
...................................................................................................................................................
2. Tokoh:
...................................................................................................................................................
3. Pasipatan :
...................................................................................................................................................
4. Galur :
...................................................................................................................................................
5. Latar:
...................................................................................................................................................
6. Amanat:
..................................................................................................................................................
LK 2 Nyieun Pedaran (Kelas XII)
Titénan gambar ieu di handap !
NYIEUN
PEDARAN DINA WANGUN INFOGRAFIK
Wasta
:
Kelas
:
Tanggal
pancen :
Tina gambar di luhur pék
jieun téks pedarandina wangun infografik.
Eusi
Pancen :
Asupkeun infografik nu dijieun ku
hidep dina ieu kolom |
LK 1 Analisis Teks Bahasan (Kelas XII)
Pek baca téks bahasan ieu di handap !
Saringset
Pageuh
Iket
atawa totopong téh di Sunda mah kabeungharan budaya tutup sirah pangbuhunna.
Mun dijujut tina harti kecapna, iket asalna tina kecap ‘saiket’, nu hartina
sabeungkeutan atawa sauyunan dina hiji pakumbuhan.
Silokana,
nyéré mun sagagang mah teu bisa nyapukeun nanaon, tapi mun sabeungkeutan jadi
sapu nu bisa kuat nyapukeun rupaning runtah. Kitu ogé jalma, mun sosorangan
tangtu bakal beurat nyanghareupan hiji pasualan. Sirah minangka subjék nu
diiketna, sedeng pasualan nu datang ti luar jeung jero dirina minangka objék nu
kudu sayaga pikeun disanghareupan, sangkan hirup salawasna caringcing pegeuh
kancing, saringset pageuh iket.
Mimiti
resep kana iket memang ti bubudak, tapi ari leuwih kataji pikeun nalungtik
leuwih jero mah karék taun 2005. Kitu ogé ladang tatanya ka kolot jeung saha
baé nu weruh kana iket, bari terus ngeureuyeuh ngadongdon kampung adat. Najan
masih kénéh héngkér ngeunaan kumaha jero-jerona iket, tina ladang tetelepék téh
saheulaanan mah bisa dicindekkeun yén iket téh ngawéngku tilu bagian, nyaéta
bahan, corak/motif, jeung wangun iket.
Leuwih
alus bahan tur renyek motif batik dina hiji iket, leuwih mahal hargana. Biasana
nu bogana golongan menak, contona motif réréng jeung gambir saketi. Sabalikna,
upama iketna polos (saperti wulung di Kampung Dukuh jeung bodas di Baduy Jero)
atawa ukur aya motif batik sisina wungkul (iket sisian), hargana gé leuwih
murah tur nu makéna gé golongan cacah. Sedeng tina wangunna iket aya dua
bagian, nyaéta iket pasagi jeung juru tilu. Sabenerna ari wangun iket mah
pasagi, jadi juru tilu sotéh pédah ditilep atawa dikeureut tina wangun asalna
nu pasagi.
Tina
ieu dua wangun bisa kaguar ajén/palsapah hirup. Wangun pasagi nuduhkeun hirup
masagi jeung silokana opat kalima pancer/opat pancer kalima diri urang. Pancer
di dieu nuduhkeun opat madhab (kalér, kidul, wétan, kulon), jeung bahan nu jadi
dasar kahirupan (cai, angin, seuneu, taneuh). Wangun pasagi gé kapanggih dina
motif di tengah batik. Béda jeung samping atawa taplak méja, ieu wangun motif
pasagi mah salawasna teu nuturkeun wangun iketna, tapi lalawanan (diagonal).
Mun seug iket ditilep jadi juru tilu, ieu wangun motif pasagi bakal lempeng
(horizontal). Ieu nudukeun kapancegan/kapengkuhan pamadegan hirup, teu luak-léok
mucuk awian. Sedeng wangun juru tilu nuduhkeun konsép tritangtu (ratu, rama,
resi). Tangtuna, ieu palsapah hirup téh kudu disurahan kalawan jembar, sangkan
ka dituna teu melengkung bekas nyalahan.
Iket
gé bisa dibédakeun dumasar kasta/golongan jeung situasi makéna. Golongan nu
maké iket lian ti dibédakeun ku bahan jeung motif, ogé gumantung kana rupa
beulitan iket. Mun seug ditataan, leuwih ti saratus rupa beulitan iket,
antarana barangbang semplak, paros (parékos nangka, parékos jéngkol, parékos gedang),
koncér/ paitén, julang ngapak, lohén, ki parana, udeng, pa tua, kolé nyangsang,
porténg, jrrd—kaasup rupa beulitan buhun nu dipaké di kampung adat tur nu
padamikawanoh ku masarakat nepi ka kiwari, jeung rékaan anyar nu ngahaja nyipta
sorangan.
Tina
rupa beulitan bisa nuduhkeun golongan nu tangtu, saperti rupa beulitan iket
barangbang semplak ilahar dipaké ku jawara, kuda ngencar dipaké ku barudak
ngora, parékos/poros jeung udeng dipaké ku barudak leutik jeung masarakat
sapopoé mun rék digawé, jrrd.
Nu
matak prihatin, arang langka séntra batik di Jabar nu nyieunan iket. Lantaran
pasar nu ngajual iket kurang pisan batan pasar samping kebat upamana.
Turug-turug saeutik deui toko anu nyadiakeun kain batik. Antukna masarakat nu
mikabutuh iket ukur ngandelkeun tatalépa. Salila ieu iket réa diproduksi di
Pekalongan, Solo, nu ngagunakeun téhnik printing, cap, jeung tulis. Padahal,
lamun iket diproduksi luyu jeung poténsi motif batik unggal daérah nu aya di
Jabar, tur promosi jeung publikasina dikokolakeun kalawan hadé, tanwandé bakal
jadi kabeungharan lokal jeung daya tarik pikeun wisatawan.
Kiwari
iket gé geus robah fungsina. Nu méméhna mah tutup sirah nu dianggap luhung
ajénna, kiwari ukur dipaké aksésoris (life style) jeung némbongkeun idéntitas
étnikna. Najan kitu, tetep kudu jadi kareueus yén nyaah tur mikawanoh
kabudayaan Sunda téh teu kudu dipaksa-paksa, tapi dimimitian ku perkara leutik
kucara ngahudangkeun deui kasadar daék maké iket.
Kiwari
nu ngarora gé geus mimiti kataji kana iket, najan enya kudu diwanohjerokeun
jeung eusina, teu sawates ngagugulung cangkang. Salasahiji tarékahna ngaliwatan
sanggar seni Sunda jeung dunya maya (website jeung blog Sunda) nu geus réa
ngawanohkeun iket jeung baju tradisional. Ku cara kitu, iket moal éléh ginding
jeung syal nu gambarna grup musik barat.
*Hasil
transkripsi Ari Andriansyah tina wawancara jeung Mochamad Asep Hadian
Adipradja.
ANALISIS
EUSI, STRUKTUR JEUNG UNSUR KABAHASAAN TEKS BAHASAN
Wasta
:
Kelas
:
Tanggal
pancen :
Pancén 1
Sangkan bisa nyangkem kana eusi bahasan di luhur, tangtu kudu apal jeung ngarti kana kekecapanana. Pék cirian kekecapan anu hidep teu ngarti, susun jadi glosarium boh dina ieu file atawa dina buku catetan, sarta téangan hartina dina kamus/internet. Di handap aya contona. Satuluyna pék teruskeun ku hidep!
• semplak = (dahan), potong palebah puhuna saperti dahan kalapa anu semplak.
• disurahan asal kecap surah (Ar.), surat, sabagian tina Qur’an; hartina diterangkeun atawa dipedar hartina nepi gemet.
• tetelepék = sagala rupa ditanyakeun: Budak nu geus bisa ngomong, sarta mimiti mekar pikiranana sok tetelepék.
• ……………. Sangkan paham kanaJawaban
:
Jawaban Pancén 1
|
Pancén 2
Analisis struktur pedaran dumasar kana teks pedaran di luhur. Mana nu kaasup bubuka, eusi, jeung panutup kalayan dilengkepan ku hasil analisis/alesanana.
Jawaban Pancén
2
|
Pancén 3
Jieun tulisan kumaha pamanggih/pendapat hidep ngeunaan iket sabada maca teks di luhur.
Jawaban Pancén
3
|