Pek baca téks bahasan ieu di handap !
Saringset
Pageuh
Iket
atawa totopong téh di Sunda mah kabeungharan budaya tutup sirah pangbuhunna.
Mun dijujut tina harti kecapna, iket asalna tina kecap ‘saiket’, nu hartina
sabeungkeutan atawa sauyunan dina hiji pakumbuhan.
Silokana,
nyéré mun sagagang mah teu bisa nyapukeun nanaon, tapi mun sabeungkeutan jadi
sapu nu bisa kuat nyapukeun rupaning runtah. Kitu ogé jalma, mun sosorangan
tangtu bakal beurat nyanghareupan hiji pasualan. Sirah minangka subjék nu
diiketna, sedeng pasualan nu datang ti luar jeung jero dirina minangka objék nu
kudu sayaga pikeun disanghareupan, sangkan hirup salawasna caringcing pegeuh
kancing, saringset pageuh iket.
Mimiti
resep kana iket memang ti bubudak, tapi ari leuwih kataji pikeun nalungtik
leuwih jero mah karék taun 2005. Kitu ogé ladang tatanya ka kolot jeung saha
baé nu weruh kana iket, bari terus ngeureuyeuh ngadongdon kampung adat. Najan
masih kénéh héngkér ngeunaan kumaha jero-jerona iket, tina ladang tetelepék téh
saheulaanan mah bisa dicindekkeun yén iket téh ngawéngku tilu bagian, nyaéta
bahan, corak/motif, jeung wangun iket.
Leuwih
alus bahan tur renyek motif batik dina hiji iket, leuwih mahal hargana. Biasana
nu bogana golongan menak, contona motif réréng jeung gambir saketi. Sabalikna,
upama iketna polos (saperti wulung di Kampung Dukuh jeung bodas di Baduy Jero)
atawa ukur aya motif batik sisina wungkul (iket sisian), hargana gé leuwih
murah tur nu makéna gé golongan cacah. Sedeng tina wangunna iket aya dua
bagian, nyaéta iket pasagi jeung juru tilu. Sabenerna ari wangun iket mah
pasagi, jadi juru tilu sotéh pédah ditilep atawa dikeureut tina wangun asalna
nu pasagi.
Tina
ieu dua wangun bisa kaguar ajén/palsapah hirup. Wangun pasagi nuduhkeun hirup
masagi jeung silokana opat kalima pancer/opat pancer kalima diri urang. Pancer
di dieu nuduhkeun opat madhab (kalér, kidul, wétan, kulon), jeung bahan nu jadi
dasar kahirupan (cai, angin, seuneu, taneuh). Wangun pasagi gé kapanggih dina
motif di tengah batik. Béda jeung samping atawa taplak méja, ieu wangun motif
pasagi mah salawasna teu nuturkeun wangun iketna, tapi lalawanan (diagonal).
Mun seug iket ditilep jadi juru tilu, ieu wangun motif pasagi bakal lempeng
(horizontal). Ieu nudukeun kapancegan/kapengkuhan pamadegan hirup, teu luak-léok
mucuk awian. Sedeng wangun juru tilu nuduhkeun konsép tritangtu (ratu, rama,
resi). Tangtuna, ieu palsapah hirup téh kudu disurahan kalawan jembar, sangkan
ka dituna teu melengkung bekas nyalahan.
Iket
gé bisa dibédakeun dumasar kasta/golongan jeung situasi makéna. Golongan nu
maké iket lian ti dibédakeun ku bahan jeung motif, ogé gumantung kana rupa
beulitan iket. Mun seug ditataan, leuwih ti saratus rupa beulitan iket,
antarana barangbang semplak, paros (parékos nangka, parékos jéngkol, parékos gedang),
koncér/ paitén, julang ngapak, lohén, ki parana, udeng, pa tua, kolé nyangsang,
porténg, jrrd—kaasup rupa beulitan buhun nu dipaké di kampung adat tur nu
padamikawanoh ku masarakat nepi ka kiwari, jeung rékaan anyar nu ngahaja nyipta
sorangan.
Tina
rupa beulitan bisa nuduhkeun golongan nu tangtu, saperti rupa beulitan iket
barangbang semplak ilahar dipaké ku jawara, kuda ngencar dipaké ku barudak
ngora, parékos/poros jeung udeng dipaké ku barudak leutik jeung masarakat
sapopoé mun rék digawé, jrrd.
Nu
matak prihatin, arang langka séntra batik di Jabar nu nyieunan iket. Lantaran
pasar nu ngajual iket kurang pisan batan pasar samping kebat upamana.
Turug-turug saeutik deui toko anu nyadiakeun kain batik. Antukna masarakat nu
mikabutuh iket ukur ngandelkeun tatalépa. Salila ieu iket réa diproduksi di
Pekalongan, Solo, nu ngagunakeun téhnik printing, cap, jeung tulis. Padahal,
lamun iket diproduksi luyu jeung poténsi motif batik unggal daérah nu aya di
Jabar, tur promosi jeung publikasina dikokolakeun kalawan hadé, tanwandé bakal
jadi kabeungharan lokal jeung daya tarik pikeun wisatawan.
Kiwari
iket gé geus robah fungsina. Nu méméhna mah tutup sirah nu dianggap luhung
ajénna, kiwari ukur dipaké aksésoris (life style) jeung némbongkeun idéntitas
étnikna. Najan kitu, tetep kudu jadi kareueus yén nyaah tur mikawanoh
kabudayaan Sunda téh teu kudu dipaksa-paksa, tapi dimimitian ku perkara leutik
kucara ngahudangkeun deui kasadar daék maké iket.
Kiwari
nu ngarora gé geus mimiti kataji kana iket, najan enya kudu diwanohjerokeun
jeung eusina, teu sawates ngagugulung cangkang. Salasahiji tarékahna ngaliwatan
sanggar seni Sunda jeung dunya maya (website jeung blog Sunda) nu geus réa
ngawanohkeun iket jeung baju tradisional. Ku cara kitu, iket moal éléh ginding
jeung syal nu gambarna grup musik barat.
*Hasil
transkripsi Ari Andriansyah tina wawancara jeung Mochamad Asep Hadian
Adipradja.
ANALISIS
EUSI, STRUKTUR JEUNG UNSUR KABAHASAAN TEKS BAHASAN
Wasta
:
Kelas
:
Tanggal
pancen :
Pancén 1
Sangkan bisa nyangkem kana eusi bahasan di luhur, tangtu kudu apal jeung ngarti kana kekecapanana. Pék cirian kekecapan anu hidep teu ngarti, susun jadi glosarium boh dina ieu file atawa dina buku catetan, sarta téangan hartina dina kamus/internet. Di handap aya contona. Satuluyna pék teruskeun ku hidep!
• semplak = (dahan), potong palebah puhuna saperti dahan kalapa anu semplak.
• disurahan asal kecap surah (Ar.), surat, sabagian tina Qur’an; hartina diterangkeun atawa dipedar hartina nepi gemet.
• tetelepék = sagala rupa ditanyakeun: Budak nu geus bisa ngomong, sarta mimiti mekar pikiranana sok tetelepék.
• ……………. Sangkan paham kanaJawaban
:
Jawaban Pancén 1
|
Pancén 2
Analisis struktur pedaran dumasar kana teks pedaran di luhur. Mana nu kaasup bubuka, eusi, jeung panutup kalayan dilengkepan ku hasil analisis/alesanana.
Jawaban Pancén
2
|
Pancén 3
Jieun tulisan kumaha pamanggih/pendapat hidep ngeunaan iket sabada maca teks di luhur.
Jawaban Pancén
3
|
0 komentar:
Post a Comment