MIÉLING
POÉ KAMERDÉKAAN 17 AGUSTUS
(Biantara Kadés Leuwidaun)
Asallamu’alaikum. Wr.Wb.
Inna hamdalillah.
Nahmaduhu wa nastai’nuhu wa nastagfiruhu wa na udzubillahi min syururi anfusina
wa min sayyiati a’malina. Mayyahdzillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala
hadiyalah.
Langkung
ti payun, puji sareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Ku rahmat
sareng hidayah-Na urang sadaya tiasa ngempel di ieu tempat dina kaayaan séhat
wal’afiat.
Sholawat
sareng salam mugia tetep ngocor ngagolotor ka jungjunan urang sadaya, Nabi
Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawargana, para sohabatna, tabi’in tabi’atna, tur
ka urang sadaya salaku umatna. Aamiin.
Bapa
Camat, para Kadés sa-Kecamatan Bojong Salak, ogé teu hilap ka sadaya warga Desa
Leuwidaun anu ku sim kuring dipikahormat sareng dipikareueus.
Sateuacanna
simkuring ngahaturkeun nuhun ka panata acara anu parantos masihan waktos sareng
kasempetan ka sim kuring, kanggo ngadugikeun biantara dina raraga miéling poé
Kamerdékaan RI ka-73.
Hadirin anu ku sim kuring dipikahormat, dina dinten ieu
urang terang yén kaping 17 Agustus 1945 nagara urang merdéka tina penjajahan.
Para pajoang urang kapungkur tos ngorbankeun sagalana pikeun kamerdékaan nagara
Indonésia. Dugi ka ayeuna urang tiasa ngararasakeun nikmatna hirup minangka
hasil tina kamerdékaan.
Saupami dilenyepan, urang kedah muji sukur ka Gusti, yén
ayeuna hirup dina kaayaan anu merenah tur tumaninah, jauh tina kahariwang.
Tangtuna urang moal tiasa nandingan para pahlawan nu tos bajoang pikeun
kamerdékaan. Tapi, saleresna ayeuna urang kudu terus bajong pikeun ngeusian
kamerdékaan, contona ku cara ngajaga kaberesihan lingkungan sabudeureun,
ngaraketkeun silaturahmi,
sareng
némbongkeun sikep anu hadé dina kahirupan sapopoé.
Hadirin, sim kuring salaku Kadés Leuwidaun umajak ka para warga kanggo
ngareuah-reuah ieu acara miéling poé Kamerdékaan RI nu ka-73. Ieu kagiatan téh
maksadna sangkan masarakat tiasa langkung ngaraketkeun silaturahmi. Nya
kagiatan sapertos kieu anu tiasa dijantenkeun usaha pikeun bajoang di jaman
kiwari, bénten sareng para pahlawan urang kapungkur. Hayu urang du’akeun para
pahlawan anu parantos bajoang pikeun kamerdékaan. Omat ka sadaya anu sarumping,
salami ieu acara lumangsung kedah tiasa ngajagi kaberesihan sareng katartiban.
Rupina cekap sakitu pamapag ti simkuring, bilih aya
langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun,
mugi jembar pangampura.
Mugia
nagara urang salawasna nanjeur tur aya dina panangtayungan Gusti Nu Maha Suci.
Aamiin.
Wassalamu’alaikum
.Wr.Wb.
LEMBAR KERJA SISWA
Biantara
Wasta :
Kelas :
Pituduh :
Dina lawungan saacanna
urang diajar ngeunaan struktur teks biantara. Dina lawungan ayeuna hidep
dipiharep ngaanalisis struktur teks biantara nu judulna MIÉLING POÉ KAMERDÉKAAN 17 AGUSTUS.
Hasil Analisis :
0 komentar:
Post a Comment