Baca carita wayang ieu di handap !
Ramayana
Kacarioskeun Rama anu nuju mileuweungan, disarengan ku istrina, Déwi Sinta,
sareng raina, Lasmana. Di hiji leuweung, Déwi Sinta kapincut ku hiji kijang
(Kidang Kancana). Padahal éta téh kijang kajajadén, supados Rama sareng Lasmana
bongoh. Kijang téh siga anu lindeuk, tapi barang badé ditéwak ngejat. Kitu
jeung kitu baé, dugi ka Rama téh tebih ti Déwi Sinta. Teu lami, kakuping ku
Déwi Sinta sareng Lasmana nu tulung-tulungan sapertos sora Rama. Kawitna Lasmana
henteu ngandel kana éta sora téh, margi anjeunna percanten kana kasaktén
rakana. Namung Déwi Sinta maksa supados Lasmana milari éta sora, nepi ka kedal
kekecapan anu nyentug kana manah Lasmana. Bari nalangsa, Lasmana milari éta
sora, ngantunkeun Déwi Sinta sorangan.
Teu lami, torojol aki-aki kundang iteuk maké pakéan
pandita, nyampeurkeun ka Déwi Sinta. Déwi Sinta diolo supaya kaluar tina kalang
buleud nu tos diparancahan ku Lasmana. Déwi Sinta kagoda. Kaluar tina kalang.
Dadak sakala aki-aki téh robah wujud jadi Rahwana, raja murka ti Aléngka. Déwi
Sinta diiwat tuluy dibawa ngapung ku Prabu Rahwana. Déwi Sinta tulung-tulungan,
kadéngéeun ku Jatayu, manuk galudra sobat Prabu Dréstarata. Prabu Rahwana
diperangan, tapi Jatayu éléh jajatén.
Kacarioskeun Rama anu nuju ngungudag kidang kancana
téa. Teras baé mulih ka tempat asal tadi. Kacida kagétna waktos uninga, Déwi
Sinta tos teu aya. Teu lami sumping Lasmana. Sami kagét sareng rakana. Rama
mariksa ka Lasmana ngeunaan Déwi Sinta. Ku Lasmana dicarioskeun satarabasna,
pangna anjeunna ninggalkeun Déwi Sinta. Teg baé atuh, duanana curiga yén Déwi
Sinta téh aya nu nyandak kabur. Teras baé neraskeun lalampahanana, milariaan
Déwi Sinta téa.
Di satengahing perjalanan, tepang sareng Jatayu, anu
tatu parna urut gelut jeung Rahwana téa. Ti Jatayu kenging raratan, henteu
lepat, Déwi Sinta téh aya nu ngiwat. Ari nu ngiwatna Prabu Rahwana ti
Aléngkadirja. Saparantos ngawartosan Rama, hos baé Jatayu téh rubuh sapisan.
Ti dinya Rama sareng Lasmana neraskeun lalampahanana.
Tepang sareng Sugriwa, raja wanara, anu karajaanana dijabel ku Subali. Rama
ngabantosan Sugriwa ngarebut deui karajaanana. Saluyu jeung jangji tadi,
Sugriwa katut balatentara monyétna, ngabantuan Rama ngarurug Aléngka sarta
ngarebut Déwi Sinta. Balatentara monyét dipingpin ku parasenapati ahli perang, di antarana
Anoman, Anggada, Anila, jeung Kapi Jembawan.
Rama katut pasukanana ngababakan di wewengkon anu
paeunteung-eunteung jeung Nagara Aléngka, kahalangan ku laut. Ti dinya Anoman
diutus pikeun mubus ka Aléngka, sakalian ngalongok kaayaan Déwi Sinta. Minangka
tandana utusan, Anoman mawa cingcin Rama.
Kalayan rerencepan, Anoman bisa asup ka Aléngkadirja.
Bisa nepungan Déwi Sinta. Anoman némbongkeun cingcin Rama ka Déwi Sinta, ari
Déwi Sinta ngintunkeun serat ka Rama. Ti dinya Anoman ngaburak-barik Karaton
Aléngka. Nénjo kitu, Anoman dikepung wakul buaya mangap. Taya nu bisa néwak
Anoman. Antukna beunang kajiret ku pakarang Indrajit, salasaurang anak Rahwana.
Anoman dibanda sarta terus dibawa ka alunalun. Di dinya Anoman diduruk. Tapi
Anoman teu busik bulu salambar. Malah bisa leupas tina borogod. Buntutna dipaké
sumbu hurung ngabebela, terus luluncatan dina suhunan Karaton Aléngka. Karaton
Aléngka kahuruan. Ari Anoman biur ngapung balik deui ka tempatna mangkalan.
Terus nepungan Rama, nyaritakeun sagala rupa lalampahanana katut kaayaan Déwi
Sinta di Aléngkadirja. Kitu deui surat ti Déwi Sinta dipasrahkeun ka Rama.
Pikeun ngarurug Aléngka, Rama jeung balad-baladna
kudu nyieun bendungan pikeun meuntasna. Kalawan dibantuan ku nu ngawasa sagara,
éta bendungan téh jadi. Aléngka dirurug sarta balad Rama unggul. Rahwana
perlaya dipanah ku Rama. Nagara Aléngka dipasrahkeun ka Wibisana, adi Rahwana
anu biluk ka Rama.
Rama, Sinta, katut Lasmana marulih deui ka Ayodya.
Barata masrahkeun deui karajaan ka nu kagungan hakna nyaéta Rama.
LEMBAR
KERJA SISWA
Wasta :
Kelas :
Pancén 1 !
Pikeun maham eusi carita wayang di luhur, tangtu kudu apal jeung ngarti
kana kekecapanana. Pék cirian kekecapan anu hidep teu ngarti, susun jadi
glosarium dina buku catetan, sarta téangan hartina dina kamus. Di handap aya
contona. Satuluyna pek teruskeun ku hidep!
1. gondéwa
= alat tina kai at. awi paranti mentang jamparing
2. ...
3. Jst
Pancén 2 !
Analisis Unsur intrinsik nu kapanggih
tina carita wayang di luhur !
1. Tema :
...................................................................................................................................................
2. Tokoh:
...................................................................................................................................................
3. Pasipatan :
...................................................................................................................................................
4. Galur :
...................................................................................................................................................
5. Latar:
...................................................................................................................................................
6. Amanat:
..................................................................................................................................................


0 komentar:
Post a Comment